Leres Kang Isma ....... Sim Kuring oge sapamaksadan .........
Sanajan ayeuna lingkungan sakuring awis-awis aya urang Sunda ..... teu weleh 
ari ngobrol mah ku basa Sunda wae, bari tungtungna mah sok ditarjamahkeun deui 
kanu basa Indonesia ...... Da bongan eta maranehna oge geuning raresepeun 
diajar Basa Sunda teh. Nyurup jeung manah, cenah. 
Cingan tah ..... deungeun-deungeun wae raresepeun kana basa Sunda ....... 
Maenya atuh ari urang nyalira ...!? 

Sim kuring oge sakapeung mah meni sok gogodeg wae ...... atuh da eta .... aya 
rerencangan anu dumuk asli urang Sunda, tapi pami tepang sareng ngobrol teh 
meni ku Basa Indonesia wae ...... Duka tah kunaon ..... pedah tos ngaraos 
linggih di metropolitan kituh ...!? 

Ah keun wae .... asal tong urang wae siga kitu .....

wass.
gl





----- Pesan Asli ----
Dari: isma shaff 
Kepada: [email protected]
Terkirim: Selasa, 6 November, 2007 9:58:40
Topik: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Teu Pol�mik Undak-usuk Basa Sunda mah.

Paralun anu kasuhun sateuacanna, simkuring teu sapagodos upami kasebat yen basa 
sunda saeutik gunanga. Numutkeun pamendak simkuring basa teh mangrupa ajen 
diri, lamun urang teu daek ngaropea basa sami sareng teu ngahargaan diri 
sorangan. 
Sidik oge anu ngajadikeun urang beda (unik) jeung seler anu sejen teh salah 
sahijina nyaeta basa. . 



      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke