Manggihan Baraya, urang Baduy…!!
Harita teh poe minggu, isuk-isuk geus aya sora tina Hapew, tandana aya SMS abus!! Pas dibaca, unina the kieu:"Asmk. Kang, aya urang baduy jero anu rek nyimpang ka rorompok poe ieu. Mun bade ngobrol jeung anjeuna,engke diwartosan mun anjeuna tos dugi." Terus we atuh di bales "Mangga, hatur nuhun". Kacaritakeun kuring geus nepi ka tempat anu di jug-jug, kira-kira jam opat sore, didinya geus nyampak kang irpan. harita teh urang baduyna keur rehat keneh dikamar. Teu kungsi lila, sabab kabaribinan kunu keur galecok ngorol (padahal ngan tiluan) nuntutan anu dikamar teh kalaluar, aya limaan meureuna, harita keneh ge dikenalkeun ku sohibulbet, ka kuring jeung kang irpan, maranehna geus mindeng cenah ka Jakarta atawa bekasi lalampahan opat poe leumpang, mapay-mapay jalur kareta rangkas bitung- Jakarta. Kacipta we lalampahan maranehna luut-leet kesang mapay, tengah poe ereng-erengan bari dampal suku nincak batu koral sajajalan kareta api. Sanggeus wawanohan, terus we ngawangkong ngaler-ngidul ngeunaan hirup kumbuh urang baduy, loloba nau anu nanya ti sim kuring, da lolobana mah maranehna mah caricing, perkara anu ditanyakeun nyaeta uubaran, cara miara jeung mulasara tatanen, jeung tutuwuhan anu aya di tatar baduy, geuningan basa anu ku kuring pake pangpangna basa sunda anu can kapangaruhan ku basa deungeun masih keneh sarua harti jeung maksudna, asa bungah teh harita mah, naon sababna geningan basa sunda teh masih keneh bisa di pake gunem catur, pangpangna resep mah, sim kuring ngobrol teu kudu malire *undak usuk basa*, sok kapodosan oge nyebut ngaran sorangan abdi, padahal pan kudu namah kami, (untung baheula sok ngadangukeun dongeng sunda di radio, jadi kabeungharan basa sunda masih keneh euyeb). Resep ngobrol jeung urang baduy teh, pangpangna mah kawijakan urang baduy anu ngamumule jeung mulasa lemah caina. Tatangkala anu ditanyakeun teh : rukem, salatri, marasi, huni, lolobi (pokona mah tatangkalan leuweung anu baheula sok kukuring diala buahna,lamun keur milu nini ka kebon) cocog euy ngaran jeung jinisna, ngan hiji nu teu nyahoeun teh salatri. Uubaran anu ditanyakeun : ubar batuk, rieut, panas tiris, salesma Mulasara tatanen : ngusir panyakit pare Kusabab harita the geus ngagayuh ka peuting, jam dalapan sim kuring amitan jeung kang irpan, rek mulang ka kontrakan. Padahal mah resep keneh ngobrol jeung maranehna teh, sumpeh dech!!! Nengetan maranehna, limaan nana the masih sadudulur, baris mamang, dahuan atawa oge adi beuteung, kuring nyokot kacindekkan yeun lolobana di baduy kawin antar dulur (inbreeding) padahal ceuk ahli genetika mah cenah eta teh goreng, sabab sok loba gen lethal anu uncul, anu ahirna sok loba panyakit jeung nurunkeun daya tahan awak oge sok abnormal anggahota awak/ cacat. Hayang keneh, ngadongen teh, nagn waktu istirahatna geus rengse, jadi sakitu heula ngadongenna, mun daek ke diteruskeun deui. Hatur nuhun, Baktos, Ikmal Implikna: Hatur nuhun pisan ka Kang Akos sakulawarga, anu ngulem sim kuring nemonan urang abduy di bumi anjeuna, bari disuguhan ku lalawuh anu matak nyugemakeun.

