Kuring boga kawawuhan urang Purbalingga ( sabudeureun Purwokerto), Si Giman 
aranna teh. Sanggeus teu digawe deui di Bandung, Si Giman mulang ka 
lemburna, ka Purbalingga. Kulantaran kaasup nonoman jeung leber wawanen, 
manehna diangkat jadi pupuhu nonoman desa manehna. Perlu nu leber wawanen, 
sabab harita di daerah Banyumas, tembus ka Priangan aya issue HANTU POCONG, 
jurig nu kostumna boeh.  Hiji waktu, kira-kira jam 10 peuting, waktu si 
Giman geus nyegrek sare, aya nu ngaguyah-guyah, sabab di jalan desa, aya 
Hantu pocong. Si Giman, ngorejat, lulungu, " Mana jurigna?", bari kop kana 
gegendir.

"Tuh di jalan.... tuh dijalan", ceuk balarea.

Salaku pupuhu nonoman nu leber wawanen, si Giman euweuh kasieun, giridig 
disampeurkeun bari ngamang-ngamang gegendir. Maklum jurig, teu sieuneun ku 
jelema, angger we leumpang ajlog-ajlogan. Teu antaparah deui ...habek weh 
digebug.  Ukur sakali jurig langsung namru, maklum si Giman teh mantan 
tukang Bor, nu biasa ngangkatan pipa beusi nu galalede.

Tapi jurig teh teu ngaleungit, angger we namru, jeung kekerejetan 
sakeudeung. Waktu boehna dibuka, dijerona teh geuning nu gelo, nu urang 
dinya oge papada arapal. Si Giman unggah bale watangan, dihukum meunang 
sababraha taun.

Naon sababna kuring ngadongeng ieu? Ampir weh kajadian nu karandapan ku si 
Giman, kaalaman ku urang Jalan Suci Bandung (Jalan nu deukeut imah kuring), 
kulantaran ayeuna di Bandung keur rame soal ALIRAN SESAT.

Bejana nyanggakeun ti koran Poskota Online:


Wanita Salat di Tengah Jalan Dikepung Warga

http://www.poskota.co.id/news_baca.asp?id=40550&ik=5

Senin 5 November 2007, Jam: 22:31:00

BANDUNG (Pos Kota) - Gara-gara salat di tengah Jalan di Jalan Suci,
Bandung, Maryati,48, Minggu dinihari, dikepung warga sekitar karena 
ditunding
menganut aliran sesat.

Namun, Maryati gagal diamankan polisi menyusul pihak keluarga mengklaim
wanita itu mengalami gangguan jiwa.

Peristiwa pengepungan wanita yang melakukan salat di tengah jalan raya itu
berlangsung Minggu. Warga sekitar terkejut ketika melihat wanita itu 
melakukan
salat di tengah jalan dalam kondisi bermukena.

Dengan kejadian ini, warga yang mencurigai wanita tadi menganut aliran
sesat, tiba-tiba mengintipnya hingga wanita itu selesai melakukan salat.

Untuk membuktikan benar dan tidaknya, dia memiliki aliran sesaat, warga
sekitar melaporkan keanehan tadi ke polisi di jajaran Polsekta Cibenying 
Kidul.

Kapolsekta Cibenying Kidul, AKP Ina Doan, menjelaskan, saat wanita
diamankan, pihak keluarga mendatangi lokasi dan memberi penjelasan menganai
kondisi wanita itu. 

Kirim email ke