Paguneman Mang Utas:
Kasibat
Ku: Kebo Hideung

"Ieu mah dongeng enyaan Lo.."
"Ari kitu dongeng naon Mang?"
"Eta budakna Mang Ewok ceunah kasibat."
"Kasibat teh naon atuh Mang?"
"Samodel kasurupan Lo."
"Ohh..kasurupan Jurig maksudna?"
"Enya."
"Mani euweuh gawe atuh si Jurig teh, buludas-buludus kana waruga batur, teu 
boga pisan kapri-jurigan nya Mang?"

"Har..kapanan ngarana oge jurig, da jurig mah teu boga kaprimanusaan."
"Jurig mana atuh Mang, anu kumawani nyurup ka budakna Mang Ewok teh?"

"Ah..teuing atuh Lo, da basa ditanya teh teu gablegeun KTP jurigna oge, tapi 
ngadenge-ngadenge mah ceunah si Jurig eta teh pernah ngalatih badminton."

"Kutan Jurig oge bisaeun badminton nya Mang?"
"Mana ngalatih oge nya meureun bisaeun atuh Lo."
"Duuhh..kabayang jurig badminton...aclok-aclokan nya Mang hehehehe.."

"Hussss...tong kamana karep Lo, bisi kadengeun ku intelna."
"Kutan jurig oge aya intelna nya ?"
"Aya atuh Lo..jiga di urang kumplit."

"Beu...hebat atuh nya jurig teh, berarti aya pamingpina sakadang jurig teh."
"Nya jelas aya atuh Lo...kapanan pamingpina teh Iblis tea."
"Aeh  muhun nya."

"Matakna kahade Lo ulah loba malaweung ..ayeuna mah jurig teh keur maceuh, 
resepeun jurig mah ka jalma anu malaweung, komo sosoranganan."

"Ah...mun kitu mah kuring ti ayeuna rek duduanan jeung Bi Erum supaya jurigna 
horeameun ngadeukeutan kuring."
 
"Ke heula..maksud teh Bi Erum hareupeun imahna si Riweuh?"
"Muhun Mang, rangda anak dua tea ningan."
"Husssssss...ngaco Alo mah, atuh kalahka nuturkeun jurigna Lo."

"Engke oge ngaleos sorangan si Jurig mah, mun kuring duduanan jeung Bi Erum."
"Naha bisa ngaleos? pedah naon kitu Lo?"
"Kapanan eraeun ningali kuring bobogohan jeung Bi Erum."
"Halah..Alo mah kamana karep wae diajak ngobrol teh, geus ah...urang anggur mah 
ka Masigit sakeudeung deui oge adan Magrib."

"Hayu atuh Mang...."

.............Paguneman Eureun.........................................





Kirim email ke