Assalaamu ‘alaikum !
  Wa, nepangkeun ieu lanceuk kelas abdi nalika di UNPAD :
  DR. Ir. Ahmad Dimyati, MS  e-mail :  <[EMAIL PROTECTED]>
  (Cepeng damel di Departemen Pertanian RI, jabatan : Dirjen Hortikultura)
  Salajengna abdi neda bantosan uwa supados anjeuna tiasa (dilebetkeun) janten 
anggota milis Kisunda/Urangsunda sakumaha pamundut anjeuna nu kaunggel dina 
seratna di handap.
  Sakitu nu kapihatur, timpah hatur nuhun kana bantosan Uwa.
   
  Baktos,
  Pun Didin Kustandi
   
  To: [EMAIL PROTECTED] 
  From:  "Ahmad Dimyati" <[EMAIL PROTECTED]>  Add to Address Book  Add Mobile 
Alert 
  Yahoo! DomainKeys has confirmed that this message was sent by 
yahoogroups.com. Learn more 
  Date: Mon, 5 Nov 2007 15:19:48 -0800 (PST) 
  Subject: Re: [unpad_faperta] Ngaluuhan Pagelaran Tembang Sunda YPTS PAMAGER 
ASIH 
      
  Assalamu'alaikum;
  Kang Didin, aduh kataji pisan eta ku pagelaran. Kataji ku kasundaanana, 
kataji ku kaislamanana, kataji ku berehanana (nganggo nyayagikeun tuang 
sagala), kataji ku someahna. Abdi ge ari nini buyut mah urang Sumedang ti 
Ragadiem, nanging teu tiasa nabeuh kendang atanapi ngagambang. Mung saukur 
nepak atanapi nakol mah tiasa ngan teu puguh nadana. Upami aya deui acara 
sapertos kitu, mugi kersa ngabewarakeun di milis atanapi langsung ka alamat 
e-mail sim kuring. Oge tiasa pribados daftar atanapi didaftarkeun ka urangsunda 
atanapi kisunda yahoogroups. com?
  Hatur nuhun, wassalamu'alaikum.
   
  AD710016

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke