Di mana lembur tehh kang Brad, abdi ge gaduh Uwa di cihanja (sateuacan
Limbangan mun ti bandung) da sami “kacang minded” hehe, ti leupeut kacang,
ulen kacang jrrd aya, kadang mun teu aya kacang beureum sok diganti ku
kacang roay (leres teu roay??)

 

Wass,

Win

Jadi asa hayang ka garut eung…

 

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of brad porenges
Sent: Tuesday, November 06, 2007 4:24 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] sangu tutug Oncom jeung sangu reumbeuy kacang

 

Dilembur kuring mah, asa kurang kajojo ku sangu "tutuk" oncom teh, tapi
rendey teh sangu reumbeuy kacang jeung sangu ketan dikacangan. Geus ilahar
mun usum kacang....enya kacang bareum tea, sagala kadaharan sok make
sakadang kacang beureum. Barina oge teu kudu make matemateke tingkat luhur
atawa "justifikasi" kamana karep, geus puguh teu laku dijual jadi nu tangtu
jeung kanyataan mah, indung urangna we rancage.

Geura urang tataan nu masih nyangkaruk dina pangradinan teh:

1. Angeun (sayur  ind.) kacang

2. Ulen kacang (Ketan dikacangan)

3. Dodol kacang

4. Tumis kacang

5. Papais kacang

7. Leupeut kacang

6. Jeung rea-rea deui...nu ngarana cenah leuwih modern!

 

Kacang beureum diala/dipanen osok jeung tangkalna alias dirabut. Terus
dilaanan/dipiceunan daunna (mun ayaan keneh). Akarna gomplok kawas buuk
(serabut...ind) digibrigeun meh taneuhna murag. Sababaraha puluh tangkal
ditalian palebah puhuna dijieun saeundan, dua eundan dingaranan sageugeus,
persis saperti mun panen pare gede baheula. Mun mawana ditanggung
akar-akarna disambungkeun terus dipuntir ameh pageuh, ngadu buuk weh sugan
mah! 

 

Pokona usum kacang....dilembur teh kabeh kadaharan "berbasis kacang" atawa
"kacang oriented".  Pan kabayang tah "perang anginna!" Salian ti era di
urang loba anggapan mun loba ngadahar kacang osok boson, tinggali we tina
babasan sapertos jurus "bekok anteur" jeung bekok colok"...sigana ku sabab
babari ngolahna jeung teu weleh ngajodo jeung nu lian... heu meureun hahaha.
Tapi dibahasa malayu mah aya babasan "kacangan"....nu hartina condong
goreng! 

 

*sangu reumbeuy : sangu biasa tina beas naon bae dibere kacang beureum

*sangu ketan dikacangan: sangu ketan dibere kacang, leuwih babari ditimbel,
mun sanguna ditutu dilembutkeun disebut ulen kacang. Mun tina sampeu disebut
ulen sampeu.

*angeun kacang, biasana kacangna  anyar diala, mun dijieun tina kacang
garing sok dilandi ceos kacang.

 

 

siporenges

bit ketang.........ieu mah nu ilahar dilembur kuring we!


dudi herlianto [EMAIL PROTECTED]

wilujeng téh émmé. nuhun kana resép tutugna. puguh kuring téh keur resep
tutug. sanggeus basa kamari bada lebaran teu aya tukang sangu nu dagang.
kabeneran nyandak beuleum opak situraja (kadé nu ieu mah lain opag haha)
jeung  kiripik cau nangka. nya ampir samingguan dahar énjing, siang, sonten
téh ngahénggoy tutug opak jeung tutug kiripik cau. diréncangan ku kéré
daging embé (ku eb henteu ku em). ntasna dibanjur angeun bayem hérang
meunang meutik ti buruan ;) 

nu kapikiran duh saaya-aya gé teu burung ... warek heuheu

d

 

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

 

Kirim email ke