Aduh..kabita..ari ras emut kana kacang beureum teh
waktos di Sukabumi disuguhan eta godogan
buntut/tangkar sapi anu digodog dugi kahipu sareng
kacang beureum dugi ka ladug....waduh etamah...rasana
teu eleh ku Texas Chili Rib oge....raoslah...Bener2
tiasa olok kejo....

--- aWin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>  
> 
> Di mana lembur tehh kang Brad, abdi ge gaduh Uwa di
> cihanja (sateuacan
> Limbangan mun ti bandung) da sami “kacang minded”
> hehe, ti leupeut kacang,
> ulen kacang jrrd aya, kadang mun teu aya kacang
> beureum sok diganti ku
> kacang roay (leres teu roay??)
> 
>  
> 
> Wass,
> 
> Win
> 
> Jadi asa hayang ka garut eung…
> 
>  
> 
> From: [email protected]
> [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
> Behalf Of brad porenges
> Sent: Tuesday, November 06, 2007 4:24 PM
> To: [email protected]
> Subject: Re: [Urang Sunda] sangu tutug Oncom jeung
> sangu reumbeuy kacang
> 
>  
> 
> Dilembur kuring mah, asa kurang kajojo ku sangu
> "tutuk" oncom teh, tapi
> rendey teh sangu reumbeuy kacang jeung sangu ketan
> dikacangan. Geus ilahar
> mun usum kacang....enya kacang bareum tea, sagala
> kadaharan sok make
> sakadang kacang beureum. Barina oge teu kudu make
> matemateke tingkat luhur
> atawa "justifikasi" kamana karep, geus puguh teu
> laku dijual jadi nu tangtu
> jeung kanyataan mah, indung urangna we rancage.
> 
> Geura urang tataan nu masih nyangkaruk dina
> pangradinan teh:
> 
> 1. Angeun (sayur  ind.) kacang
> 
> 2. Ulen kacang (Ketan dikacangan)
> 
> 3. Dodol kacang
> 
> 4. Tumis kacang
> 
> 5. Papais kacang
> 
> 7. Leupeut kacang
> 
> 6. Jeung rea-rea deui...nu ngarana cenah leuwih
> modern!
> 
>  
> 
> Kacang beureum diala/dipanen osok jeung tangkalna
> alias dirabut. Terus
> dilaanan/dipiceunan daunna (mun ayaan keneh). Akarna
> gomplok kawas buuk
> (serabut...ind) digibrigeun meh taneuhna murag.
> Sababaraha puluh tangkal
> ditalian palebah puhuna dijieun saeundan, dua eundan
> dingaranan sageugeus,
> persis saperti mun panen pare gede baheula. Mun
> mawana ditanggung
> akar-akarna disambungkeun terus dipuntir ameh
> pageuh, ngadu buuk weh sugan
> mah! 
> 
>  
> 
> Pokona usum kacang....dilembur teh kabeh kadaharan
> "berbasis kacang" atawa
> "kacang oriented".  Pan kabayang tah "perang
> anginna!" Salian ti era di
> urang loba anggapan mun loba ngadahar kacang osok
> boson, tinggali we tina
> babasan sapertos jurus "bekok anteur" jeung bekok
> colok"...sigana ku sabab
> babari ngolahna jeung teu weleh ngajodo jeung nu
> lian... heu meureun hahaha.
> Tapi dibahasa malayu mah aya babasan
> "kacangan"....nu hartina condong
> goreng! 
> 
>  
> 
> *sangu reumbeuy : sangu biasa tina beas naon bae
> dibere kacang beureum
> 
> *sangu ketan dikacangan: sangu ketan dibere kacang,
> leuwih babari ditimbel,
> mun sanguna ditutu dilembutkeun disebut ulen kacang.
> Mun tina sampeu disebut
> ulen sampeu.
> 
> *angeun kacang, biasana kacangna  anyar diala, mun
> dijieun tina kacang
> garing sok dilandi ceos kacang.
> 
>  
> 
>  
> 
> siporenges
> 
> bit ketang.........ieu mah nu ilahar dilembur kuring
> we!
> 
> 
> dudi herlianto [EMAIL PROTECTED]
> 
> wilujeng téh émmé. nuhun kana resép tutugna. puguh
> kuring téh keur resep
> tutug. sanggeus basa kamari bada lebaran teu aya
> tukang sangu nu dagang.
> kabeneran nyandak beuleum opak situraja (kadé nu ieu
> mah lain opag haha)
> jeung  kiripik cau nangka. nya ampir samingguan
> dahar énjing, siang, sonten
> téh ngahénggoy tutug opak jeung tutug kiripik cau.
> diréncangan ku kéré
> daging embé (ku eb henteu ku em). ntasna dibanjur
> angeun bayem hérang
> meunang meutik ti buruan ;) 
> 
> nu kapikiran duh saaya-aya gé teu burung ... warek
> heuheu
> 
> d
> 
>  
> 
>  __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
> protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 
>  
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke