Yayan Mulyana [EMAIL PROTECTED] http://yayanm.wordpress.com Ngaprak Leuweung Kiara Payung Di jalan bebas hambatan atawa ceuk basa kérénna mah Jalan Tol, bus téh pinuh pisan ku nu numpakan malahan mah nu nangtung aya kanu sapuluahn sok komo nu dieuk di tukangeun uing aya ngajajar genepan. Kusabab pinuh kitu, ayeuna mah jajaran tempat uing téh rapet pisan malihan mah diuk téh geus teu ngeunaheun deui sabab di harepun uing aya nu nangtung oge. Bari ngagerentes teh ach kajeun weh paling ge duapuluh menitan nepi ka Cileunyi téh. Bari nanya ka Ki Dudi, baraha nya nawur ongkos ti Padalarang ka Cileunyi teh !, paling kanu lima rebuan ?, ohh ceuk uing bari unggeuk-unggeukan. Teu lila geus nepi ka Cileunyi kuring turun heula tapi sabab beser hayang kacai heula. Nya ningan si cai téh tiis kieu, matak nyeuleuceup kanu beungeut sok komo basa beungeut dikumbah teh. Basa nawur téh kanu jagana Sabaraha neng ?, Sarebu kang, bari ngaluarkeun dompet téh, wah mun nawur ngangge KTP tiasa teu sbab teu aya artos neng, nu jagana rada nyerengeh. Laju weh bari ngasongkuen uit teh kuring mangkat ka tempat na Ki Dudi nanggoan. Mun teu salah mah mun deuk ka Jatinangor téh kudu naeh angkot nu nomorna opat, nya geuning geus loba nu ngetem teh katingali nu numpakan na téh masih keneh aya liman kaasup urang duaan. Kusabab hawa na geus rada panas aya meureun duapuluh menitan mobil téh ngetem-na. Jeung rada keuheul teh uing nyeuleutuk Tarik Jabrig. Ari si supir mah keukeuh weh dont waro tea. Sanggeus kitu mobil rada maju saeutik bari nungguan panumpanh hiji deui, deuh tinggal hiji deui ge masih keneh maju na lila amat, ceuk uing ngagurutu. Tungtungna mah mobil teh maju ningan. Teu jauh kitu geus katingali di belah kenca katingali Kampus tempatna barudak nu disiksa tea nu kawentar sa-Jagad. Laju weh uing duaan turun di harepeun DAMRI bari nawur opat rebu duaan. Bari culak-cileuk uing neangan eta. Ari Ki Dudi mah neangan batre keur kamera laju weh asup ka supermarket. Laju weh neangan eta na ka JATOS sugan aya bari nanya ka sakadang satam téh, Kang ari eta didieu palih mananya, oh di bawah,disana kan ada jalan lurus ajah terus sebelah kiri !. Bari nyeuleutuk di hate téh Jirrr geus mamalayuan ning didieu ge. Teu lila sanggeus kaluar neangkeun eta kuring ngomong ka Ki Dudi, heuheu sarua euy jiga di lembur uing kieu Eta handpone nya jangan di coo entar rusak, laju weh bari nyeuleutuk deui rada tarik Awas air nya jangan di coo bisi ngeyeumbeu, ari Ki Dudi mah nyerengeh weh da apaleun. Laju weh leumpang duaan ka POOL DAMRI deui tapi rada nyimpang ka Wartel nelepon adi nu awewe nu sakola di Unpad. Sanggeus nelpon laju weh rada Social Engineering heula ka tukang wartel teh. Kang ari ka Kiara Payung teubih teu , wah teubih A naek Ojeg weh, baraha kilo kitu kang , mun naek Ojeg baraha, aya mereun tujuh kiloan, mayar tujuh rebu weh Kang. Laju weh ngadeukeutan deui Ki Dudi. Satadinamah mun jarakna aya dua kiloan mah urang ngaprak weh, da geus lila tara leuleumpangan jauh deui di Bogor. Tapi ari ningali kitu mah jeung deui naawur ojeg téh teu awis pisan ningan naek ojeg. Untung weh mangkat ka Jatinangor téh teu jam sabelas peuting coba mun duaan geus nepi kadieu culak-cileuk jeung deui basa mimiti asup ka arah nu ka Kiara Payung numpak Ojeg téh masih keneh rada leuweung cocok pisan keur niis mah. Teu lila tukang ojeg nanyekeun eureun dimana, cenah di Aula Kiara Payung kang. Si tukang ojeg rada ngaheuleung laju weh ceuk nu hiji deui mah jigana di Lemdik téa. Teu lila geus nepi ka Aula téh tapi rada himeung teu apal sabab can aya keneh nu katingali umbul-umbul HBH téh. Tapi antukna mah kaluhur weh ka Alun-alun. Geus kasaprak Kang Badru, Kang Irfan, Kang Jaja, Kang Haji di wisma téh. Laju reureuh heula keudeung da acara HBH téh lila keneh. Sabab teu bisa cicing, antukna ngaprak weh sorangan bari teu make sendal. Da pas keur eté the panas panon poé rada haneut. Kuring mah leuleupangan hayang ningali kayaan Kiara Payung ieu mimiti mah leumpang ka tempat upacara jigana mah jeung diluhurna aya towe nu ngahiji jeung lapang meng ball. Di tempat éta katingali pisan Jatinangor téh da luhur pisan, laju weh katingali aya nu keur diajar momotoran make motor bebek ngurilingan lapangan. Aya deui nu keur ngebon jeung barudak sakola nu laleumpang. Sanggeus kitu lelempangan deui ka nu leuwih luhur sok komo suku téh karasa panas da nyeker. Katingali di luhur kawas aya nu keur meulak tutuwuhan. Sok sanajan di luhur jeung jarakna lumayan jauh jeung deui nanjak na rada ngahegak, antukna ku rada panasaran leuleumpangan weh ka arah dinya. Aya kanu lima welas menitan ti tempat lapangan, kuring geus nepi ka tempat tutuwuhan eta. Didinya geus aya nu keur melak kawas tutuwan teuing naon ngaranna. Ari kuring mah rada ngiuhan weh di tempat anu rada tiis, sabab didieu mah unggal tempat mun teu salah sakilo meteran aya tempat keur ngiuhan. Sok komo terasna make teheul. Bari reureuh ge nyeuneut udud heula bari ngareurehkeun kacape. Cag Ach 3 November 2007, Kostan Dudi --------------------------------- Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Tryit now.

