Yayan Mulyana
  
[EMAIL PROTECTED]
  
http://yayanm.wordpress.com
  
 
  
Numpak Bus Karunia Bakti
    
 
            Jam 5-an rada leuwih saeutik mobil téh geus torojol datang ka 
ciawi, aya meureun nu numpakan na téh 5 urang mawa angkutan ti Terminal 
Rambutan. Teu antaparah urang dua’an langsung naek ka eta mobil, kusabab rada 
lowong nya bisa rada geunah neang tempat diukna. 
    
 
            Uing mah neangan tempat diuk nu rada tukang, sabab ngeunah pisan 
suku teh bisa dilempengkeun, beda pisan mun diukna di tengah-tengah mah sok 
komo mun bus na téh repet pisan tempat diukna, tapi d nu apal ku uing mah naek 
mobil ieu mah atawa Doa Ibu téh tempat diukna rada geunah.
  
 
  
            Sanggeus diuk ditukang teh uing diukna nu dekeut ka jandela, sabab 
kusabab lowong jeung rada lila keneh uing muka jandelana laju weh nyeungeut 
roko heula sabab rada tiis ning, jeung hawa tiis subuh-subuh téh méni 
nyeuleuceup pisan.
  
 
  
            Teu lila sanggeus lima welas menitan si busa téh maju sabab tempat 
ngetem na geus kudu diganti ku mobil nu séjénna nu jalur na sarua ka arah 
tasik. Mobil laju maju roko sabatng téh geus beak. Uing mah laju weh nyarande 
bari meureumkeun panon da masih rada tunduh. Barang hudang téh si kondektur 
noel kudu nawur ongkosna, lumayan sih teu mahal teung nang kurang ti tilu puluh 
rebu nepi ka cileunyi teh.
  
 
  
            Sabari nawur téh sabari culak-cileuk ka luar, naha geus nepi ka 
Cisarua. Barang ngareret teh euleuh itu ning Taman Safari tea. Laju weh Ki Dudi 
ngobrol jeung kondektur “ari mobil ieu angkat ti terminal teh jam baraha kang 
?”, si kondekturna ngawaler “ti jam satengah lima’an sabab ieu mobil teh nu 
kalima, nu mimitina mah jam hijian jadi ieu mobil nu kalima !”, “eleuh ceuk 
kuring ngagerentes dinu hate...”.
  
 
  
            Teu lila mobil teh geus nepi ka Cianjur didinya rada ngetem lila, 
nya geus mimiti loba tukabng dagang samodel leupeut atawa buras, moci (sanes 
mojang cianjur), tukang jeruk tukang rokok. Ari uing mah mimiti ngaluarkeun 
telekung has Kampung Budaya Sindang Barang nang pamere Pupuhuna nyaeta Kang 
Maki.
  
 
  
            Si kondektur rada ngareret ka kuring, bari ngomong “wah masih keneh 
aya nya nu sok make telekung nu kieu teh !”, “wah loba keneh kang !” ceuk 
kuring rada gaya heheheh. Teu rada lila si bus maju deui sabari luak lieuk ka 
luar ningalian kayaan Cianjur waktu isuk, jigana keur eta masih keneh jam tujuh 
isukan. Katingali pisan di luar masih aya keneh nu keur ajojing tea, jeung 
barudak sakola keur nanggoan angkot komo deui pagawe mah katingali aya nu keur 
nyarap bubur.
  
 
  
            Geu teu rada lila geus arek ka tol padalarang baru luak lieu téh 
wah geus kaasup wewengkon nu loba kapur yeuh. Jeung deuidi hiji tempat tapi 
ngaranna uing poho deui ceuk cenah mah di tempat ieu ilahar pisan mun macet 
téh, sok komo loba pisan angkot jiga di bogor wae. Aya deui nu nyeuleutuk cenah 
ke bakal aya wayang golek ti Giri Harja Tilu nyaeta Asep Sunandar Sunarya tea, 
ceuk tukang moci teh.
  
 
  
            Teu lila nu ngamen ngalagu has parahyangan nu judulna “Kabogoh 
Jauh”, jadi inguet basa ka Panaruban tea. Laju weh rada ngetem deui di jalan nu 
deuk ka tol Cileunyi na didinya rada lila sabab geus ilahar pisan loba nu 
numpakna nu deuk ka Jatinagorkeun sok komo barudak nu sarakola samodel di 
Unpad, Ikopin, IPDN, UNWIM.
  
 
  
Cag Ach
  
3 November 2007, Kostan Dudi
  
       
---------------------------------
 For ideas on reducing your carbon footprint visit Yahoo! For Good this month.

Kirim email ke