Kang Oman Assalamualaika……
Hatur nuhun pangwilujengna….mung ararisin disebat icikibung deui teh…dumeh salami ieu asa tiasana teh ukur mukaan kisunda/urang sunda bari saukur ngalungkeun kutrat-kotret. Aeh kang dasar teu acan pareng nya….lami teu tepang…pendak sakali di bumina Ambu Ottih (dago) 3 sasih nu kalangkung…pleng deui teu pendak dg ka ayeuna….he…he…keun we nya asal ulah dugi ka les na. Salam baktos ka Abah Surya miwah Pa Idrus ti Panaruban. Para wargi nyanggakeun deui dongeng kampung mugi aya manfaatna sareng teu janten bosen. Baktosna Eddy Nugraha ========== HAKANEUN jeung KUBURAN KAMI (1) Lantaran loba ningali, kalolobaan urang sunda –munhenteu disebut kabeh- nu umumna nyekel agama Islam pada nyaho yen lamun engke manehna paeh tangtu dikubur. Sanggeus diberesihan dishalatan dibungkus boeh. Dipendem jero taneuh. Awakna nu paeh euweuh nyawaan ieu disangirah ngalerkeun bari nyangigir madep ka qiblat. Eta kabeh keur muslimin/muslimat nu kafir musrik mah cenah ulah. Malah sanajan can ngajaran oge, umumna pada percaya yen sanggeus dikubur teh nu maot bakal asup kana alam nu disebut alam barjakh (antara) nunggu-nunggu kiamat dunya. Salila di ieu alam antara teh jelema (rukhna) cenah meunang siksa atawa meunang ni’mat gumantung pagawean salila hirupna. Dina luhureun kuburan, lila lila sok barijil tutuwuhan, mimitinaa jukut terus tangkal nu lainna harirup..biasana mah kamboja…atawa nu gede Caringin. Lir nunjukkeun…tinu paeh…dibijilkeun deui nu hirup…tukhrijul hayya minal mayyit wa tukhrijul mayyit minnal hayyi. Ceuk nu harirup mah tempat na nu dikubur teh sok disebut (h)astana…nu nunjukkeun kana ukuran kapling nu salebar hasta (leungeun)na…jeung nu nunjukeun kana ukuran alus henteuna eta makam na nu ditangtukeun ku pagawean hasta na baheula salila hirup (amal salila hirup)….kongas di kawali aya ngaran Astana gede….tangtu hiji tempat sumarena jelema nu salila hirup amal hastana nya gede nya agung. Dina basa Arab harti piguratif astana sarua jeung makam, harti sajalantrahna tina astana kuburan. Satuluyna upama eta astana teh loba/aya nu ngadeuheusan…tandaning boga anak atawa boga amal kahadean atawa boga harta nu diwakafkeun…eta astana sakali deui ceuk nu harirup keneh sok oge disebut pajaratan tempat jarah…tempat deuheus turunanana jeung saha-saha nu ngarasa kahutangan atawa ngalap berkahna. Satuluyna upama geus kabuktian ku sasaha eta nu sumare di eta tempat jalma karamah (boga karamat = hartina sok barang bere kaalusan) sabab gede amal shalehna eta tempat sok disebut ku nu harirup keneh kabuyutan. Malah lamun kabuyutan na geus aya…jelema-jelema nu saroleh ceuk nu hirup sok dipendem di kabuyutan tempatna oge sok disebut pangjarahan. Daratangna nu harirup keneh teh ka pajaratan mah sok mawa seuseungitan...(kembang/menyan) jeung cai ditambah do’a. Ari kuburan nu baheulana teu baraleg mah malah eta astana teh disarebut tempat jurig…dedemit ..jrrd. boro-boro hayang jarah ngadeukeutan oge embung…nu sieunan mah cenah nepikeun ka maruringkak bulupunduk sabab tempatna teh geueuman naker. Eta kabeh caritaan batur…..kumaha nu bakal kaalaman ku sorangan engke? Walahu ‘alam teu nyaho teuing pastina da kudu paeh heula meureun..he..he. Nya ayeuna mah karek percaya kana euceuk kana ceunah… Tapi, caritaan dihandap rek ngaguar ngeunaan kubur sorangan bari ngeunteung ka kubur batur saayeunaeun nu sugan jadi cecekelan keur kayakinan nu jadi payakinan…(atawa bisa jadi ngan saukur cenah jeung euceuk keneh) __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

