HAKANEUN jeung KUBURAN KAMI (2)

II

Eh euy….kajadian nu paeh dikubur teh sarua pisan jeung nu kaalaman sapopoe ku 
urang…dina waktu dahar euy…..walah…naha?

Enya…pan nu dididahar teh sarupaning nu paeh….boh sasatoan…boh…tutuwuhan….tuluy 
disimpen/dikubur dina beuteung…tuluy tidinya teh bijil tanaga…bijil usik 
malik….lain eta teh lir… tukhrijul hayya minal mayyit wa tukhrijul mayyit 
minnal hayyi.

Pek we euy pikiran…lamun nu paeh nu asup kana beuteung teu bener…sok jadi teu 
ngeunah di kubur (beteung) na…nu bener mah sok jadi ngeunah. Pan urang bisa 
mikir bisa ngagedean teh gumantung kana kadaharan/gizi nu asup kana beuteung. 
Lain gizi/kadaharan teh asalna tinu paraeh nu dipendem dina beuteung? Eta kabeh 
jadi alam barjakh/kubur urang ayeuna. Bisa mikir bisa nenjo bisa ngadenge bisa 
usik malik..eta kabeh sasat ibadahna nu paraeh  dina beuteung urang euy…

Pek we uey pikiran…lain sakabeh nu paeh nu asup kana beuteung teh engkena 
supaya madep (nurut) kana qiblatna ---nu nyatana dina awak mah pan hate 
urang…tina hate bijil sir tuluy bijil nafsu tuluy biji akal pamilih….pan kongas 
qalbu mu’minin baitullah…..

…kusabab kitu  hasil tina pependeman nu paeh dina kubur beuteung teh nya urang 
jadi usik malik migawe amal…lamun alus (gizi/amal karaktristik nu kadahar…nya 
urang jadi bisa mikir hade dina ngabedakeun nu goreng jeung alus…tah 
tidinya…bijil tangkal hartina…tangtungan …bisa jadi tangtungan urang teh (asta) 
pagawean teh jadi bijil kamboja…caringin …atawa…dedemit mungkul…

Teu kudu hese-hese….

Tina hasil nu paeh dikubur beuteung jelema teh pan (lamun alus gizina terus 
bisa dididik jadi jatnika) kaciri aya nu jadi pangjarahan….pada ngedeugdeug ku 
kulawrgana sabab butuheun….malah tangtungan teh aya nu nepikeun ka jadi 
panyaluuhan sakabeh pada hayang deuheus (jarah)…..tapi loba oge jelema nu 
embung deukeut….jalmana dijarauhan da pada ijid pada sieun ngadekeutanana.

Matak ge dina agama mah nepikeun ka rek dahar aya shalatna (do’ana)….hakaneun 
nu asup ka kubur urang ulah sambewara…teu bisa kabeh…pantangana diantarana 
getih.. babi.. dipeuncitna kudu make bismillah….(hartina nu haram, nu kafir nu 
musrik teu make asma Allah mah ulah).   

Matak ge euy kudu daek nganteurkeun nu maot ka kubur tah engke reungeukeun aya 
nu talkin….tah eta teh tong jauh-jauh mikir nu maot…. nu kudu diingetkeun mah 
tumpah darah sorangan…

III

Tina guaran diluhur…muga-muga nu maca bisa  nyangkem ayana hubungan makrokosmos 
jeung mikrokosmos…(nu engke bisa kabuktikeun lain sukur analogi  asal daek 
ngulikna) jeung nu utamana yen atikan agama lain ngan saukur keur engke…lain 
ngan saukur narohkeun kayakinan nu nganut supaya percaya ka euceuk ka 
pijagaaeun, tapi bisa…disaliksik…dina awakna supaya jadi ageman nu haqul yaqin… 
da enya.

Tina do’a do’a arek dahar (paling henteu aya tilu hadis) …kajadian dikubur 
tangtung..nepikeun ka engke kiamatna jagat saghir…mere tuduh ngeunaan ulikan 
dasar/poko dina ulikan sunda ngeunaan tileum…ngeunaan sampurna sampurna ning 
beak…innalillahi wa innailaihi rajiun nu lain saukur engke mungkul…..

Wah siah….bener ieu teh…kumaha carana ???

Insya allah urang suaykeun saeutik lalangsena di bagian satuluyna ngeunaan elmu 
 kasundaan (nu sarua jeung dina Islam)  dina kuburan tangtung…. jeung cara-cara 
nyampurnakeunana…nu masih keneh tetep aya hubungana/bisa dirunut sacara empiris 
tina HAKANEUN  nu diKUBUR ku urang sorangan dina beuteung sabab metodologina 
oge empiris pakeun nu daek jadi partisipan observer mah. 


 (bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng)

baktosna 
Eddy Nugraha


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke