Kang Dudi nuju di Samarinda?
Amengan atuh kakantor abdi di Juanda...
Muhun POSPENAS kontingen jabar aya dina urutan katilu, nu kahiji KALTIM, nu 
Kadua Jawa Timur, nembe Jabar....nya mudah-mudahan unggul atuh dina penutupan 
ieu tiasa unggul lawan Jateng...Prung ah geura tarung...




----- Pesan Asli ----
Dari: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Rabu, 7 November, 2007 11:36:41
Topik: [Urang Sunda] pospenas

Baraya sadaya, 
Warta anyar ti Samarinda nyaeta perkawis Porpenas (Pekan Olahraga dan Seni 
Antar Pondok Pesantren Nasional) taun 2007 anu bade di tutup dinten ieu ku 
acara pamungkas pertandingan final maen bal antara team Jabar sareng team 
Jateng, dikawitan tabuh dua siang. Dina Pospenas sateu acana kontingen Jabar 
teh tos 3 kali janten juara umum, mung ku lantaran aya kasalahan teknis saurna 
mah aya tawisan (tanda tangan) mama kiayi anu di scanner janten seueur atlit 
anu didiskualifikasi ku margi kitu peroleh medali dugi ka tadi wengi aya 
diurutan tiga besar alias juara ka tilu, mugia dinten ieu sateuacan ditutup 
tiasa nambihan deui. 
 
Baraya, 
Tadi wengi biasa, aya ritual silaturahmi antawis kontingen Jabar anu di pimpin 
ku Bapa Kanwil Depag sareng Ibu Karo tiasa paamprok jonghok sareng wargi-wargi 
sunda anu aya di Samarinda, mung aya wae gogodana teh tadi wengi hujan ageung 
ditambih angin ngangeuleubug atuh anu biantara para inohong teh saweur sareng 
ku saheng-na hatep wangunan anu kahujanan. Bilih aya nu kenal sareng rombongan 
pospenas ti Jabar mah mangga ditoong bae dina gembolan aya gambarna anu 
'dijepret' tadi wengi tabuh 00 wita. 
 
Sakitu anu kapihatur, neda tawakup kana kakiranganana.
 
wassalam, 
 



      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke