Ua Sas sareng wargi sadaya, neda dihapunten telat ngimel. Urang dikawitan we atuh, priorotas ngagentos peti na we heula. Digitalisasi mah engke we nyusul, bilih ngala waktos.
Alternatif kahiji ngagentos peti kai, pami pesen (Bandung/Garut) kirang langkung sabaraha waragadna? Alternatif kadua gentos ku kandaga (peti kai) eusi dua keris ladrang (tiasa dieusi pakarang/naskah) di Jakarta biasana tina kai sonokeling atanapi jati (2 kandaga kangge pakarang sareng naskah). Pami teu lepat Rp 400.000 an hijina. Alternatif katilu gentos ku laci arsip (filing cabinet) tangtos anti digegel beurit, seueur di toko pakantoran. Umumna 4 laci (sorog). Ieu paling praktis, murah, aman tapi teu nyeni. Urang targetkeun minggu kadua November tos rengse, urang watesan padungdengan. Ieu mah peryogi "real action", situasina anggap we SOS, naskah tos di UGD/ICU! sakitu ti sim kuring, mangga kumaha pamendak nu sanes. salam JP Makarya Mawa Raharja ----- Original Message ---- From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Monday, November 5, 2007 6:53:27 PM Subject: Re: US hudang euy! Re: [Urang Sunda] Ulin Ka Kabuyutan Ciburuy./ Kang Tirta sareng MH Saena mah peti tina jati kolot dibulen ku aluminium supados teu digegelan beurit. Jumlah peti aya 3, hiji ageung dua deui rada alit. ukuranana nu ageung kinten-kinten 70x50x50 cm, nu alit kinten-kinten 60x40x40 cm, anu tos koropok pisan mah mung hiji, tapi upami bade digentos mending sakantenan we tiluanana. Ari soal ukuran mah katingalna teu kedah persis sareng nu aya, intina kedah tiasa ngawadahan sadayana naskah kalebet parabot tea, janten upami langkung ageung ti ukuran eta ge teu sawios. Mangga, janten koordiantor ge. Insya Alloh urang jeujeuhkeun. kang Tirta cik nga-sms ka abdi no hp 0817228521, no hp kang Tirta nu kapungkur leungit, malum hp kolot rada ririwit. Kang Hasa di KL, abdi teh moto sababaraha hiji, tapi hasilna awon pisan, alatanana mah rohangan padaleman teh poek pisan, nganggo blit ge teu mampuh. Sareng anu dibuka mung hiji naskah, hapunten foto naskah teu tiasa kapidangkeun, da gagal motona. Saleresna anu ngadigitalkeun naskah Ciburuy teh tos aya nyaeta Abah Ali Sastramijaya, saurna nuju dikeureuyeuh ditranskrip kana laten. Katingalna mah Kang Dadan nuju nyusud perkawis ieu. foto 28a parabot sareng naskah, 20a;21a latar luar padaleman,24a foto peti, 26a kuncen anom nuju muka peti, 18a ti luar lebet ka area padaleman MSas ----- Original Message ----- From: Jalak Pakuan To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Tuesday, November 06, 2007 12:12 AM Subject: US hudang euy! Re: [Urang Sunda] Ulin Ka Kabuyutan Ciburuy. ,_._,___ Wah na maca ge resep, komo pami ngiring mah. Waas, janten emut ka alm. Mang Ayat. Pami aya urang sunda nu sangem nyumbang peti wedel alhamdulillah, pami teu aya mah nya ngencleng we atuh Wa, pami teu kaabotan mah Uwa nu janten koordinatorna kencleng ngayakeun peti/kandaga. Punten Wa, ukuran peti/kandaga kirang langkungna sabaraha cm pasagi? salam JP ----- Original Message ----- From: mh To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Tuesday, November 06, 2007 1:28 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Ulin Ka Kabuyutan Ciburuy. Ua Sas, cing aya fotona, panasaran jiga kumaha naskah lontar ciburuy teh. Urang Bali mah naskah lontar teh geus ditungtut dialihkeun kana digital dina wangun CD, garapan fakultas sastra UNUD. Sanggeus difoto terus ditranskripsi make aksara Bali digital. Nyambung jeung komputerisasi aksara Bali. Kuring aya CD-na. Cikan urang UNPAD aya Kang Ganjar yeuh, tiasa digarap teu "DIGITALISASI NASKAH CIBURUY". Da teu hese ukur dipotret. Bisi kaburu beak dihakan beurit. salam, mh __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

