Nembe naroskeun ka tatangga di Garut nu pakasabanana kana mebel, peti ukuran
70x50x50 mun make kai kelas 2, kaina wungkul kira2 130 rebueun sapeti. Mun
make blokbor (blockboard, heuheu..), kira2 160 rebuan, eta teh teu acan
kalebet ongkos damel. Mun hoyong bahan kaina kuat/sae--cenah kai ayeuna mah
aropongan & baraseuh--kaina kedah diolah heula aya kana bulanna (teu
gaduheun setok kai model kitu, da pengrajin modal alit).

Sakitu heula meureun iberna, mangga ka nu gaduh babandingan

On 11/8/07, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Alternatif kahiji ngagentos peti kai, pami pesen (Bandung/Garut) kirang
> langkung sabaraha waragadna?
> Alternatif kadua gentos ku kandaga (peti kai) eusi dua keris ladrang
> (tiasa dieusi pakarang/naskah) di Jakarta biasana tina kai sonokeling
> atanapi jati (2 kandaga kangge pakarang sareng naskah). Pami teu lepat Rp
> 400.000 an hijina.
>










-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke