HAKANEUN jeung KUBURAN KAMI (4)
V. NYALIKSIK CARA NYAMPURNAKEUN HAKANEUN Sang rahmatan lil alamin masihan conto yen lamun rek dahar kudu maca do’a nu intina neneda supados kenging berkah tina rijki nu geus katarima jeung nyuhunkeun ka Allah diraksa tina siksa naraka – allahumma baariklana fiima razaqtana wa qiina adzabannar (Hr. ibnu as Sani). Tuluy…. Saatos tuang mantena mah sok nganuhunkeun kana tuangeun nu tos kateda ku muji ka Allah bari neneda supaya janten nu sumerah diri (muslimin) – Alhamdulillailladzi athamanaa wa saqaanaa wa jaalana muslimin- (hr abu daud). Do’a nu ngandung siloka prawira sasmita nu agung tur luhung. Ngan nyaeta…. baheula mah keur budak dipapatahan do’a memeh dahar teh rada teu kiyeng…da cekeng teh…ih na rek dahar wae menta diraksa ti naraka, jauh jauh teuing, ------ pan saur Pa Ustad teh siksa naraka mah engke lamun geus paeh dikubur ... da jadi teu nikmat keur rek dahar ge inget naraka mah…..he..he. Doa saenggeusna ge na jauh-jauh teuing lain nyuhunkeun kuat/nyuhunkeun sehat jeung dibere deui nu ngeunah…ieu mah kalahka neneda hoyong sumerah diri. Lantaran asa can pati perlu uing mah keur budak tara maca eta do’a cukup maca bismillah we eta ge ari inget… Untungna…ngaapi lainkeun teh teu katutuluyan….kagedenakeun….. Dilembur kaajarkeun do’ana urang sunda kampung (katambahan pangaruh Islam) lamun rek dahar. Asalna mah boga pangalaman teu pira--- waktu can dahar leuleus teu nangan ari geus dahar nepika seubeuh lain seger malah leuleus oge teu nangan…cenah ceuk kolot mah teluh kejo…he..he… penjelasan heureuy nu ninggang di enya. Nya tuluy we diajar ngapresiasi/meuli eta do’a, Kieu do’ana: Bismillahirrahmanirrahiim Pohaci sarining dat pohaci sarining puji Dat kumpuling hurip sampurna Sampurna kang nangan kang pinangan Allahumma sir sadana sir sadani Iman mafruting dat Maksudna kieu (hakaneun) teh aci-aci sari tina dat, (hakaneun) teh aci-aci (apal ari aci bijil ti naon??) sari tina puji (hasil jieunan kerah kerih). Dat (dina kuburan beuteung) (mangrupa) kumpulan (tina rupa rupa hakaneun nu asup kana beuteung) (nu sing) hurip (sing) sampurna. Sampurna daya jeung upayana (ulah jadi panyakit jadi siksaaan kana awak jrrd). Ya Allah…. nu masihan sir warna warni (sadana sadani) (tingali legenda pare sri sadana sri sadani) (tina ieu hakaneun) (mugi) Iman (caang / uteuk/hate/ kayakinan ) ngontrol/ngawasa dat (sabab sir na nurut/sumerah/muslim). Ari sir bijil ti rasa, rasa asal tina sukma/ jiwa sasatoan/tutuwuhan kadaharan nu dihakan –nu asup kana awak. pan di Islam mah teu meunang ngadahar bangke??) Ti do’a diluhur tangtu katengetan yen: Do’a ti kangjeng Nabi (hadis) jeung do’a urang sunda kampung teh nyatana sarua/sajiwa. Bedana nu hiji mah leuwih analitik. Do’a urang kampung bisa leuwih ngajelaskeun naon margina Ieu Tedak Quraysh panutan kaom muslimin teh ngadu’ana kitu memeh tuang sareng saparantosna. Gening anjeuna masihan bimbingan yen hakaneun teh kudu –diprogram- ku do’a itikad niat jelema supaya hakaneun nu asupna alus (bismillah) dijero beuteungna ge alus teu jadi siksa (naraka) kanu ngadaharna. Jeung saenggeusna supaya eta kabeh roh-roh/karakter/sifat hakaneun teh nurut (da sumerah/muslmin) tea. Nurut didieu tong waka jauh jauh ka Allah….tapi sing kudu nurut ka jelema (katut sistem di jero awak) nu ngahakanna. Ulah ngalaman ka teluh ku kejo. Matak engke lamun puasa –ngawarah asal da baheulana ge jelema mah teu barang dahar, daekna ge dipaksa/diolo ku indungna tapi tuluy deudeuieun- hakaneun gampang diatur supaya nurut - can waktuna (can buka) mah teu kudu roh sato (hayam, misalna) nu geus aya di jero awak…. panggih jeung baturna nu tiluar awak....gancang nurut da ti samemehna diprogram yen hakaneun teh kudu muslimin/sumerah kanu diibadahana nyatana jelemana….jst..jst…jst Eta maksud kabeh saayeunaeun waktu jelema masih kakubur ku beuteungna sorangan… nu oge kudu salilana bisa dipake ibadah ka Allah…. Sok komo engke utamana diahir ninggalkeun alam dunya….. Dina ulikan satuluyna (tingali bagian - medar rasa jati nu jadi lebaran tangtung-) …eta kajadian sing bisa disalikisik…keur nyiapkeun jelema nyanghareupan kakubur ku beuteung dunya (liang lahat)….supaya bisa leupas ti kuburan dunya…..kumaha supaya awak-awakan nu asalna tina roh sasatoan jeung tutuwuhan teh bisa terus nurut kana kahayang nu makena (jelema)…supaya teu jadi hahalang/hijab…pakeun madep ka Allah ….nu engkena supaya teu jadi antara barzakh dina mulih ka jati mulang ka asal… …. pan kongas nu laluhung mah bisa masihkeun jiwa ragana dina waktuna kalayan ikhlas kalawan ragana langsung disanggakeun (dismpurnakeun) ka nu Maha suci (tilem). …pan sasatoan tutuwuhan kabeh ge kawit ti Allah..cik kumaha mulang tarima ka hakaneun nu geus mantuan hirup….supaya teu kaasup nu teu bisa mulang tarima kana kahadean nu nyaah ka sorangan… nu sasatna sato tutuwuhan nu siga teu pira ???? jeung supaya eta hakaneun teh teu jadi kuburan urang salilana ?? geus bisa ngajak sampurna ?? Mun acan …..tingal tanya ka sorangan…geus sabaraha jauh ngulik agama jeung kasundaan?? Cag ===== Kang Jaka, oge kawargian nu sanesna….pangapunten bagian teknik sareng metoda salajengna ku sim abdi teu dikintunkeun ka kisunda/urang sunda katimbang seueur teuing jargon-jargon nu ngan akrab kanu sok resep janten partisipan observer. Eusina seueur nu kedah ditambihan deui ku cara masihan penjelasan definisi-definisi dasarna supados nu ngaos janten sa alam. Mugia sadayana kapasihan rahmat sareng berkahna Allah swt. ==== Baktosna Eddy Nugraha __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

