Assalamualaikum..

Kang Jaka, oge kawargian nu sanesna…nyanggakeun terasna…

baktosna
Eddy Nugraha

=====



HAKANEUN jeung KUBURAN KAMI (3)

IV

Hakaneun nu asalna tina sato jeung tutuwuhan teh, asupna kana awak mantuan 
jelema jadi ngagedean, mere tanaga, bisa boga kahayang, mikir usik malik jeung 
rupa-rupa kamampuh hirup nu dina singketna dina basa di lembur mah hakaneun 
(sato jeung tutuwuhan) teh ibadah ka jelema sangkan jelema bisa hirup ibadah ka 
Allah. Jadi sasat maranehna mah ibadah ka Allah teh ku cara mantuan jelema. 

Tapi eta hakaneun kadaharan teh oge mangaruhan jelema  jadi 
kuburan/makam/kurungan jelema. Pan alus henteuna awak ge gumantung kana gizina? 
Nu lamun teu bisa ngontrolna jadi  sistem tur antibodina teu kuat jadi 
panyakit…malah sok loba nu teu daek ka kontrol ku sistem saraf/kasadaran pusat 
misalna sel kanker jrrd. Jadi hirup keneh geus keuna ku ‘siksa’ kubur tina 
kadaharan nu datang tina kubur beuteungna…lin dina beuteung ge sarua bisa aya 
cacing…he..he.

Geus apal aya uga…jang engke mah jelema hirup-hirup geus dikubur…? Lain saukur 
pedah imah urang sunda geus robah tina kai kana taneuh nepi ka suhunan-suhunan 
tina taneuh sakuriling bungking ku (tina) taneuh kawas kakubur taneuh jadi 
kawas sare di jero taneuh wungkul.

Geus apal bisa na mikir teh gumantung kana alus henteuna gizi nu asup kana 
awak? Ari kamampuh mikir teh eta nu jadi wates jelema…ari wates lain jadi 
kurungan atawa ukuran hiji jelema…ari kurungan teh lin kuburan tea?

Dina jiwana..jadi mangaruhan karakter…nu bisa hade/bisa goreng…kongas aya 
riwayat nu kabukukeun hiji waktos Imam Zaenal Abidin  sareng muridna nuju jarah 
ka baetullah. Teras muridna ningali saabrulan jelema nuju thawaf nya unjukan ka 
sang imam….ari saur sang imam (nu tos wacis) teh sanggemna nu jarah teh lain 
jelema tapi sato mungkul…sanajan lahiriahna mah jelema…pikiraneun!

Pangpaurna dina waktu ninggalkeun ieu alam dunya….nya hakaneun ieu nu nyiksa 
arek paeh…nu mangaruhan kasadaran dina sakaratul maot…malah tuluy jadi alam 
barjahna salila dunya aya lamun teu bisa nyampurnakeuna…

Wah ma enya? 

Can pernah ningali jelema sesegor arek paeh??  can pernah   manggihan lamun aya 
jelema cilaka…dimana aya getihna didinya ngajungjuriganana…matak sok menta 
disampurnakeun…..can pernah panggih jeung jurig? hayang bukti sok cokot taneuh 
di kuburan/komo wani nyokot  tulang talengna/komo wani nyokot padungna…moal teu 
nuturkeun cirining didinya nyambungna…nu can sampurna mah.

Atawa can pernah ningali aya ririwa nu nyurup ka jelema terus menta-menta 
hayang endog hayang kopi hayang nyatu? Tah eta cirina ririwa teh masih keneh 
kabeungkeut ku hakaneun..hakaneun urut manehna baheula…sedengkeun lain nu kitu 
teh hijab ka Allah… teu bisaeun innalillahi wa innailaihi rojiun.

Ayeuna urang puntirkeun deui ka mimitina…



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke