On 11/12/07, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> He....he....he.....KO wawar-wawar deui teh bisi ku bisi jaradi kabayan, kapan 
> nepi rek kawin ka nyi iteung teh sagalana kumaha abah bae. Pan mun aya 
> kageatan teh urang mah sok nyieun panitia, tapi terus na teh sagalana jadi we 
> kumaha panitia (kitu sanes Mang Ndoell??), atuh nu sanesna........ngiringan 
> bae, atanapi ngiring bingah! Mun skenario luyu jeung eta engke dipastikeun 
> jadina........kumaha Ua Sas bae......sagalana he...he......Tapi ari urusan 
> kandaga mah Insya Allah sasarengan sareng Ua Sas urang ditarekahan nepi ka 
> jadi, ngan nu dipikahayang teh 'antusiasme', daria na ti wadia balad dina 
> nyikepan pusaka ti karuhun. Hudang euy mun teu gura giru babarengan moal bisa 
> digitalisasi da naskahna ge tos dicapek beurit.

hehehe, teu bisa 'digitalisasi' mah, 'gigitnasi' we kang jp. sok lah
uing mah ngiringan we bari ngiring bingah sakalian. najan teu meunang
ge. nya wajar we kudu aya panitia mah. komo make jalur milis. lamun
teu kitu, na aya kitu jalan lain. mana wawar di milis ge, meureun
maksudna ngajak baraya sejen lin. nya wayahna nu ngajak, kudu
inisiatif, kana ajakanana. (mh)

Kirim email ke