Kang Tirta, di Bandung milarian peti tina jati teu acan mendak, aya ge jati 
ngora, janten rada males, kalahka awisna, komo upami bari rada di ukir sakedik, 
seuseueurna nganggo kai kamper sareng borneo, apan nu kitu mah katingal regas.
Ke bade nguriling deui sabalikan mah.
Janten hapunten perkawis harga teu acan tiasa masihan ancer-ancer.

MSas


  ----- Original Message ----- 
  From: Jalak Pakuan 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, November 14, 2007 4:10 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Kandaga/peti keur Nasakah Kabuyutan Ciburuy



  Nuhun Mh, Kang Dudi. Reueus lah, hayu urang der we. Tacan aya wartos ti Ua 
Sas pami di Bandung sabaraha nya pangaos peti. Pami sesah mah ke we lah ngincig 
ka klender.

  JP
   
  Makarya Mawa Raharja



  ----- Original Message ----
  From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
  To: [email protected]
  Sent: Tuesday, November 13, 2007 3:27:36 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Kandaga/peti keur Nasakah Kabuyutan Ciburuy


  On 11/12/07, Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com> wrote:
  > He....he.... he.....KO wawar-wawar deui teh bisi ku bisi jaradi kabayan, 
kapan nepi rek kawin ka nyi iteung teh sagalana kumaha abah bae. Pan mun aya 
kageatan teh urang mah sok nyieun panitia, tapi terus na teh sagalana jadi we 
kumaha panitia (kitu sanes Mang Ndoell??), atuh nu sanesna..... ...ngiringan 
bae, atanapi ngiring bingah! Mun skenario luyu jeung eta engke dipastikeun 
jadina...... ..kumaha Ua Sas bae......sagalana he...he..... .Tapi ari urusan 
kandaga mah Insya Allah sasarengan sareng Ua Sas urang ditarekahan nepi ka 
jadi, ngan nu dipikahayang teh 'antusiasme' , daria na ti wadia balad dina 
nyikepan pusaka ti karuhun. Hudang euy mun teu gura giru babarengan moal bisa 
digitalisasi da naskahna ge tos dicapek beurit.

  hehehe, teu bisa 'digitalisasi' mah, 'gigitnasi' we kang jp. sok lah
  uing mah ngiringan we bari ngiring bingah sakalian. najan teu meunang
  ge. nya wajar we kudu aya panitia mah. komo make jalur milis. lamun
  teu kitu, na aya kitu jalan lain. mana wawar di milis ge, meureun
  maksudna ngajak baraya sejen lin. nya wayahna nu ngajak, kudu
  inisiatif, kana ajakanana. (mh)






------------------------------------------------------------------------------
  Be a better sports nut! Let your teams follow you with Yahoo Mobile. Try it 
now.

   

Kirim email ke