Ningali statistik wikipedia Sunda (dina 
http://su.wikipedia.org/wiki/Husus:Perubahan_terbaru) tos aya 466 urang pamake 
(hartosna panulis) wikipedia basa Sunda. Widang anu tos ditulis seuseueurna mah 
sajarah sareng budaya. Elmu sareng teknologi masih kirang. Sanaos kitu, aya oge 
seratan kimia anu didamel ku kang Kumincir. Kamari ningali, aya wargi anu 
nyerat statistik. Ari sim kuring mah masih awal dina ngagunakeun wikipedia 
Sunda teh, seratan sim kuring dina widang teknologi komunikasi sareng informasi 
masih dihandap 50 seratan padahal anu diperyogikeun aya ratusan malah rebuan; 
nyeta kaganggu ku tulas-tulis sajarah dina wikipedia Inggris. Bade dicobian 
ngeureuyeuh, ngorbankeun waktos kanggo nongton tivi, ngirangan waktos kanggo 
latihan aikido; sareng kagiatan-kagiatan anu kinten-kinten tiasa dikirangan 
waktosna. Sugan sataun tiasa rengse.
 
Sim kuring umajak kanu gaduh pangaweruh dina widang matematika, fisika, 
biologi, sareng teknologi kanggo ngeusian wikipedia Sunda. Sugan atuh ku cara 
kieu urang Sunda henteu sieun miwarang turunanna nganggo basa Sunda. Da 
katingalina mah para sepuh teh ngajak nyarios basa Indonesia ka para 
putra-putrina teh (dugi ka hilap ngajak nyarios basa Sunda) salasawiosna ku 
lantaran supados putra-putrina gampil sakolana kumargi basa panganteur materi 
di sakola teh basa Indonesia. Sugan atuh upami aya materi kaelmuan dina basa 
Sunda di Internet (tangtos tiasa bebas dicitak) mah ngirangan kacondongan sepuh 
sareng murangkalih anu sieun nyarios basa Sunda teh.
 
Sakali deu, hayu urang rinjatkeun wikipedia Sunda. Punten bilih ajakannana 
kirang merenah.
 
Salam,
Asep


      
____________________________________________________________________________________
Be a better sports nut!  Let your teams follow you 
with Yahoo Mobile. Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/sports;_ylt=At9_qDKvtAbMuh1G1SQtBI7ntAcJ

Kirim email ke