Punten aya koreksi, Diserat: Widang anu tos ditulis seuseueurna mah sajarah sareng budaya. Kedahna: Widang anu tos ditulis seuseueurna mah sajarah sareng budaya katut widang sosial sanesna.. Diserat: .... tulas-tulis sajarah dina wikipedia Inggris Kedahna: .... tulas-tulis sajarah dan budaya Sunda dina wikipedia Inggris
Hatur nuhun, Aschev ----- Original Message ---- From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, November 15, 2007 8:43:51 PM Subject: [Urang Sunda] Umajak kanggo ngaronjatkeun wikipedia Sunda Ningali statistik wikipedia Sunda (dina http://su.wikipedia .org/wiki/ Husus:Perubahan_ terbaru) tos aya 466 urang pamake (hartosna panulis) wikipedia basa Sunda. Widang anu tos ditulis seuseueurna mah sajarah sareng budaya. Elmu sareng teknologi masih kirang. Sanaos kitu, aya oge seratan kimia anu didamel ku kang Kumincir. Kamari ningali, aya wargi anu nyerat statistik. Ari sim kuring mah masih awal dina ngagunakeun wikipedia Sunda teh, seratan sim kuring dina widang teknologi komunikasi sareng informasi masih dihandap 50 seratan padahal anu diperyogikeun aya ratusan malah rebuan; nyeta kaganggu ku tulas-tulis sajarah dina wikipedia Inggris. Bade dicobian ngeureuyeuh, ngorbankeun waktos kanggo nongton tivi, ngirangan waktos kanggo latihan aikido; sareng kagiatan-kagiatan anu kinten-kinten tiasa dikirangan waktosna. Sugan sataun tiasa rengse. Sim kuring umajak kanu gaduh pangaweruh dina widang matematika, fisika, biologi, sareng teknologi kanggo ngeusian wikipedia Sunda. Sugan atuh ku cara kieu urang Sunda henteu sieun miwarang turunanna nganggo basa Sunda. Da katingalina mah para sepuh teh ngajak nyarios basa Indonesia ka para putra-putrina teh (dugi ka hilap ngajak nyarios basa Sunda) salasawiosna ku lantaran supados putra-putrina gampil sakolana kumargi basa panganteur materi di sakola teh basa Indonesia . Sugan atuh upami aya materi kaelmuan dina basa Sunda di Internet (tangtos tiasa bebas dicitak) mah ngirangan kacondongan sepuh sareng murangkalih anu sieun nyarios basa Sunda teh. Sakali deu, hayu urang rinjatkeun wikipedia Sunda. Punten bilih ajakannana kirang merenah. Salam, Asep Be a better pen pal. Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how. ____________________________________________________________________________________ Never miss a thing. Make Yahoo your home page. http://www.yahoo.com/r/hs

