Ngaran Patempatan di PasundanUrang Sunda baheula resep
pisan mere ngaran patempatan dimimitian ku Ci, keun atuh ari ngaran
walungan atawa susukan mah jamak dingaranan dimimitian ku kecap Ci,
sabab ceuk dina kamus basa Sunda oge Ci teh hartina cai. Geura ieu
ngaran walungan upamana bae walungan: Cilosari, Cimandiri, Cimanuk,
Cisadane, Cisanggarung, Citanduy, Citarum, Ciujung. Diitung teh moal
kurang ti 60 walungan atawa oge komo jeung susukan mah ngarana
dimimitian ku kecap Ci.
Da ieu mah ngaran
patempatan, kadang teu aya hubunganana jeung cai, geura ieu mun
dipaluruh di Wikipedia ngaran kacamatan bae saheulaanan nu aja di
provinsi Jawa Barat. Panglobana ngaran kacamatan nu dimimitian ku
kecap Ci nyaeta Kabupaten Sukabumi. Kacamatan Cibadak, Cibitung,
Cicantayan, Cicurug, Cidadap, Cidahu, Cidolog, Ciemas, Cikakak,
Cikembar, Cikidang, Ciracap, Cireunghas, Cisaat, jeung Cisolok. Tuh
nya, tina 45 kacamatan aya 15 kacamatan anu make ngaran Ci.
Encan eta teh
ngaran-ngaran gunung, pasir, lengkob, lelewek, pangangonan,
pamandian, paranti guyang munding, tonggoh, lebak, sawah, bebera,
hulu cai, jeung rea-rea deui. Di lembur kuring bae balatak ngaran
patempatan anu dimimitian ku Ci, Ciongka, Ciawitali, Ciheras,
Cieurih, Cihonje, Cipaku, Cipondok, jeung rea deui. Unik lain? Sok
lah teangan dibeulahan dunya mana anu bisa nyaruaan kabiasaan urang
Sunda baheula mere ngaran patempatan, na ena atuh! (tina: “la iya
lah!”) moal aya.
Nu aya putula
patalina jeung cai mah rada kaubaran ku ayana katerangan ti Dede
Kosasih (Cupumanik No. 17/2004) yen urang Sunda mah ceuk Karl
A Witfoge (Jerman) kaasup kana hydrolic
society masyarakat anu teu leupas tina
cai. Hiji ciciren yen tanah Pasundan teh subur taneuhna kusabab loba
cur corna cai. Ari patempatan anu teu aya hubunganana jeung cai?
Saterusna disebutkeun yen cenah, katajen pikeun ditalungtik ayana
akumulasi ngaran patempatan di Tatar Sunda didominasi ku ngaran nu
dimimitian ku kecap Ci.Perlu ditaliti leuwih jero. Sok barantuan
dulur!
________________________________________________________
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
http://id.yahoo.com/