Hapunten ka sadaya nu tos ngumpul di Jatinangor,  abdi  teh  tos  angkat harita 
 teh.
Pek teh, siibina utah uger, atuh ka paksa uih deui. Eta da mangpang meungpeng 
sagala
di tuang, ti batagor dugi ka combro, ai patuangan teu acan  ciga baheula.
Opat minggu abdi sareng siibi di Bandung, nepangan rerencangan nu masih keneh 
jumeneng, 
da seueur nu tos ngantunkeun. 
Ari kahoyong mah, moal nyarios bahasa Indonesia nuju di Bandung teh, tapi upami 
abdi naroskeun 
nanaon nganggo bahasa Sunda di waleranna nya nganggo bahasa Indonesia.
Bade diajar teh, kumaha meni sesah.
Ah ajeuna mah bade diajar didieu we, sugan we aya nu ngersakeun mamatahan abdi.
Da ai bahasa nu kasar mah abdi tiasa keneh, da baheula di lembur Cikalong 
Ciancur biasa ngango bahasa 
sadidinteun. 
Salam kanggo sadayana anu ngaos sareng wargi UrangSunda.
 Ti nagri Walanda.
JohnsiBodo & ibina






      ___________________________________________________________
Yahoo! Answers - Got a question? Someone out there knows the answer. Try it
now.
http://uk.answers.yahoo.com/ 

Kirim email ke