Nambihan, di wewengkon desa kuring oge di Tasik, geuning loba pisan ngaran lembur anu dimimitian ku Ci teh : Cisurian, Cihateup, Cikadu, Cikarag, Ciganea, Cibeureum, Cigebay, Cikapol, Ciberekah, ...Cikikik (eh ...etamah sora kuntilanak nya :-D)
2007/11/20, solihin yusuf <[EMAIL PROTECTED]>: > > Abdi oge urang Ciamis. Di daerah simkuring seueur nami nu mimitian ku > "Cijeungjing, cidewa, cimaragas, citanduy, cijolang, ciburial, ciheuleut, > cibolang, cicangkrung, cipageuh, cimareme, cidolog, jrrd > > Solihinyusuf > > ////////////////////////////// > > ----- Pesan Diteruskan ---- > Dari: Eman Suherman <[EMAIL PROTECTED]> > Kepada: [email protected] > Terkirim: Senin, 19 November, 2007 6:43:27 > Topik: [Urang Sunda] Ngaran Patempatan di Pasundan > > Ngaran Patempatan di PasundanUrang Sunda baheula resep pisan mere ngaran > patempatan dimimitian ku Ci, keun atuh ari ngaran walungan atawa susukan mah > jamak dingaranan dimimitian ku kecap Ci, sabab ceuk dina kamus basa Sunda > oge Ci teh hartina cai. Geura ieu ngaran walungan upamana bae walungan: > Cilosari, Cimandiri, Cimanuk, Cisadane, Cisanggarung, Citanduy, Citarum, > Ciujung. Diitung teh moal kurang ti 60 walungan atawa oge komo jeung susukan > mah ngarana dimimitian ku kecap Ci. > > > Da ieu mah ngaran patempatan, kadang teu aya hubunganana jeung cai, geura > ieu mun dipaluruh di Wikipedia ngaran kacamatan bae saheulaanan nu aja di > provinsi Jawa Barat. Panglobana ngaran kacamatan nu dimimitian ku kecap Ci > nyaeta Kabupaten Sukabumi. Kacamatan Cibadak, Cibitung, Cicantayan, Cicurug, > Cidadap, Cidahu, Cidolog, Ciemas, Cikakak, Cikembar, Cikidang, Ciracap, > Cireunghas, Cisaat, jeung Cisolok. Tuh nya, tina 45 kacamatan aya 15 > kacamatan anu make ngaran Ci. > > > Encan eta teh ngaran-ngaran gunung, pasir, lengkob, lelewek, pangangonan, > pamandian, paranti guyang munding, tonggoh, lebak, sawah, bebera, hulu cai, > jeung rea-rea deui. Di lembur kuring bae balatak ngaran patempatan anu > dimimitian ku Ci, Ciongka, Ciawitali, Ciheras, Cieurih, Cihonje, Cipaku, > Cipondok, jeung rea deui. Unik lain? Sok lah teangan dibeulahan dunya mana > anu bisa nyaruaan kabiasaan urang Sunda baheula mere ngaran patempatan, na > ena atuh! (tina: "la iya lah!") moal aya. > > > Nu aya putula patalina jeung cai mah rada kaubaran ku ayana katerangan ti > Dede Kosasih (Cupumanik No. 17/2004) yen urang Sunda mah ceuk Karl A > Witfoge (Jerman) kaasup kana *hydrolic society* masyarakat anu teu leupas > tina cai. Hiji ciciren yen tanah Pasundan teh subur taneuhna kusabab loba > cur corna cai. Ari patempatan anu teu aya hubunganana jeung cai? Saterusna > disebutkeun yen cenah, katajen pikeun ditalungtik ayana akumulasi ngaran > patempatan di Tatar Sunda didominasi ku ngaran nu dimimitian ku kecap > Ci.Perlu ditaliti leuwih jero. Sok barantuan dulur! > > ------------------------------ > Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! > Answers<http://sg.rd.yahoo.com/mail/id/footer/def/*http://id.answers.yahoo.com/> > > > ------------------------------ > Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! > Answers<http://sg.rd.yahoo.com/mail/id/footer/def/*http://id.answers.yahoo.com/> > > > -- Regards Toha ----------------------------------------------------------------------- "Live your life with love"

