Di lampung mah way contona way kambas, way
...............................

Poho deui............................. ngan saminggon di lampungna he he
he 

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Gan Lesmana
Sent: Tuesday, November 20, 2007 3:34 PM
To: [email protected]
Subject: Bls: Trs: [Urang Sunda] Ngaran Patempatan di Pasundan

 

Euleuh .... emang meni saunyudan nya geuningan nanamian nu ngawitanna
tina "ci" teh ....... Ku Bagja eta anu mere ngaran .......

 

Cingan Baraya ..... lamun kuurang dicokot hakekatna tina istilah "ci"
ieu saenyana mah pasti jero hartina teh. Sok cingan anu langkung terang
.... cingan kumaha atuh ari hakekat "ci / cai" teh da geuningan barudak
baheula mah sok guntur siloka sagala rupana teh ..... Naha atuh teu ku
taneuh ..... angin.... atawa seuneu kituh ....!?

 

Da ari saenyana mah lain di Pasundan wae ieu aaranan anu dimimitian ku
"ci / cai" teh geura sok pangguarkeun. Ngan ieu mah sapangemut (da
kabeneran dumuk di Bali), ci atawa cai teh = yeh. Tah lain hiji dua
ngaran patempatan di Bali anu dimimitian tinu "yeh" samisal keur desa
wae: Yeh Embang, Yeh Pulu, Yeh Kuning, Yeh Biu, Yeh Mumbul, Yeh Maled,
Yeh Gangga, Yeh Poh, Yeh Sanih, Yeh Lating, Yeh Sumi, Yeh Penet, Yeh
Sungi, Yeh Kori, jrrd.

 

Mugi aya manfaatna .....

 

hatur nuhun,

gl

------------------------


Dari: solihin yusuf <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Selasa, 20 November, 2007 8:59:08

 Abdi oge urang Ciamis. Di daerah simkuring seueur nami nu mimitian ku
"Cijeungjing, cidewa, cimaragas, citanduy, cijolang, ciburial,
ciheuleut, cibolang, cicangkrung, cipageuh, cimareme, cidolog,  jrrd

Solihinyusuf

//////////// ///////// /////////

----- Pesan Diteruskan ----
Dari: Eman Suherman <emankutamaya@ yahoo.co. id>
Kepada: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Terkirim: Senin, 19 November, 2007 6:43:27
Topik: [Urang Sunda] Ngaran Patempatan di Pasundan


Ngaran Patempatan di Pasundan


Urang Sunda baheula resep pisan mere ngaran patempatan dimimitian ku Ci,
keun atuh ari ngaran walungan atawa susukan mah jamak dingaranan
dimimitian ku kecap Ci, sabab ceuk dina kamus basa Sunda oge Ci teh
hartina cai. Geura ieu ngaran walungan upamana bae walungan: Cilosari,
Cimandiri, Cimanuk, Cisadane, Cisanggarung, Citanduy, Citarum, Ciujung.
Diitung teh moal kurang ti 60 walungan atawa oge komo jeung susukan mah
ngarana dimimitian ku kecap Ci. 

 

Da ieu mah ngaran patempatan, kadang teu aya hubunganana jeung cai,
geura ieu mun dipaluruh di Wikipedia ngaran kacamatan bae saheulaanan nu
aja di provinsi Jawa Barat. Panglobana ngaran kacamatan nu dimimitian ku
kecap Ci nyaeta Kabupaten Sukabumi. Kacamatan Cibadak, Cibitung,
Cicantayan, Cicurug, Cidadap, Cidahu, Cidolog, Ciemas, Cikakak,
Cikembar, Cikidang, Ciracap, Cireunghas, Cisaat, jeung Cisolok. Tuh nya,
tina 45 kacamatan aya 15 kacamatan anu make ngaran Ci.

 

Encan eta teh ngaran-ngaran gunung, pasir, lengkob, lelewek,
pangangonan, pamandian, paranti guyang munding, tonggoh, lebak, sawah,
bebera, hulu cai, jeung rea-rea deui. Di lembur kuring bae balatak
ngaran patempatan anu dimimitian ku Ci, Ciongka, Ciawitali, Ciheras,
Cieurih, Cihonje, Cipaku, Cipondok, jeung rea deui. Unik lain? Sok lah
teangan dibeulahan dunya mana anu bisa nyaruaan kabiasaan urang Sunda
baheula mere ngaran patempatan, na ena atuh! (tina: "la iya lah!") moal
aya.

.

 
<http://geo.yahoo.com/serv?s=97359714/grpId=1862056/grpspId=1705013556/m
sgId=122645/stime=1195534652/nc1=3848642/nc2=4763762/nc3=3848577> 



  _____  

Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di
Yahoo!
<http://sg.rd.yahoo.com/mail/id/footer/def/*http:/id.answers.yahoo.com/>
Answers

 

Kirim email ke