saur sim kuring mah, eta teh bisnis jurig...
naha kitu??
ari titingalan sim kuring mah, pemasarana nganggo media massa, duka
TRU*** tur majalah2 flora/fauna sanes oge panginten janten salah
sahiji nu ngaramekeun eta bisnis...
heuheuheu..........

jiga kamari2 basa aglaonema nuju naek daun (jiga hileud wae...), aya
nu ngetang harga teh tina jumlah dauna... dugi ka mangpuluh2 juta
euuhh.....

ayeuna nuju usum anthurium, abdi mah mung saukur hook basa nguping aya
nu ngical (berarti aya nu ngagaleuh nya??) eta tangkal anthurium
pangaosna 40 juta....
beuuu........ langkung awiz batan si kukut kuring nu sok dianggo
ider-ideran ulin jeung baraya kusnet

sim kuring oge kalebet nu resep kana sagala tutuwuhan, komo kembang mah.

pami ningali kana tren mah, ti sababaraha taun ka pengker, seueur
kembang nu ngadadak naek pamor, tapi mung sataun dua taun kitu na teh.
sapertos adenium, euphorbia, aglaonema... jrrd... (pami teu lepat
nyeratna eta ge...)

dongkap nu anyar, nyaa leesss weeeh nu lami mah ilang pamor boh
lungsur pangaosna...
harita basa euphorbia rame, satangkal nu tacan kembangan tiasa 50rebu
nu biasa2, dugi ka ratusan rebu pami nu tos kembangan mah.
ayeuna mah 10 rebu oge kadang2 sok ditambihan ku nu dagang teh da hehe..

kitu deui adenium, deuuuh... dua tilu taun kamari mah, meser 30 rebu
teh karek kembangana ge 2 taun hihih...
kamari mah ngaborong 4 tangkal mung 20 rebu, bari ditambahan eta ge
deuih...

taaaahhh masalah anthurium ge, sim kuring mah "curiga nyah mah" bakal
jiga kembang2 eta di luhur nasibna teh dina awal taun payun.

tah pami tos kitu, kantun sim kuring nu ngaborong, cekap modal puluhan
rebu kanggo pangaos nu tadina ratusan/jutaan...

punten rada jarang mosting ngagebay... wayahnyah kedah diaozz... hehehe...

nuhun ah

-dikdik-

**sakadar sumbang pamikiran..., ari kuring mah, tetep da kana anggrek
nu pangresepna teh...


--- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Wilujeng wayah kieu baraya...
> Ubral-obrol perkawis Anthurium, ngiring ngadongeng ah... :)
> 
> Harééng Anthurium
> 
> Béda ti Lebaran kamari-kamari, kuring meunang SMS ti adi kuring nu
eusina kieu :
> 
> Tatkala sejuta Anthurium daun yang hadir* 
> Terlukis sesuatu yang indah darinya.
> Semanis Gelombang Cinta
> Semerbak Hookeri Merah dan Hijau
> Seelok Black Beauty Burgundi
> Seunik daun Variegata
> Secerah harapan pada sebuah Jemani
> Seiring Corong mengumandangkan Takbir kemenangan
> Allahu Akbar 3x. Minal Aidin Wal Faidzin.
> Mohon maaf lahir & batin.
> 
> Kuring ngan ukur seuri* hahah* dasar tukang kembang! 
> 
> Terang terus, éh terus terang kuring gé sabenerna keur meujeuhna
katarajang "harééng Gelombang Cinta" nu sakitu "panas"na* Dauna héjo
meles, sisina galing arela-areli, pakang jeung urat-urat daunna kacida
weweg, nyanghareup ka luhur bangun boga wibawa. Pantes mun dilandih
Kembang Karajaan nu sok diingu ku para ménak/ningrat, deuih hargana
mahal kabina-bina. Teu anéh mun kunu jegud jeung loba duit, kembang
ieu dibeuli pikeun nambahan géngsi.
> 
> Sakapeung kuring gé teu ngarti naha harga Anthurium téh bisa
mahal-mahal teuing? Piranagé kembang? Kamari mah maca dina Manglé nepi
kaaya nu hargana samilyar sagala!Gusti Nu Agung! Nya, paingan atuh teu
salah-salah teuing mun loba jelema nu kabongroy hayang téréh beunghar.
Aya benerna ogé, yén masyarakat urang can bisa nangtunkeun mana nu
diheulakeun. Mun ninggang dinu malarat masakat mah tipada meuli
kembang kitu patut, mendingan meuli kéjoeun. Tapi ari jalema nu ngarti
tur resep kana kaéndahan katambah boga duit mah, nya teu nanaon lain?
Asal duitna duit tiis lain tina hasil maling, korupsi atawa pungli.
> 
> Salaku awéwé kuring gé resep pisan kana kembang & pepelakan,
pangpangnamah nu ngahasilkeun daun, sabab bisa jadi ubar keur panon
jeung matak nyecep kana haté, pokonamah kaéndahanana teu bisa
digambarkeun ku kecap atawa kalimah. Maklum tuda sapopoé ti isuk
bentuk nepi ka soré jedér molototan baé komputer nu haben nyorotkeun
radiasi. Katurug-turug aya béja ti adi kuring yén kiwari keur mahabu
kembang Anthurium. Panasaran ogé éta kembang téh jiga kumaha? kuring
ngan bisa sosorodotan ningalian di Internet, tina buku/koran &
majalah. Ningali kitu adi beuteung kuring karunyaeun, manéhna haat
méré kuring tilu kembang anakna kayaning Jemani, Gelombang Cinta jeung
Variegata. 
> 
> Capé haté boga ingon-ingon téh, da buruan imah indung kuring heureut
pisan, éta kembang dibawa ungkrah angkrih kaluar kajero. Isuk-isuk rék
gawé, ku kuring diakutan ka luar, dicéboran, diilik-ilik ti sisi ti
gigir, teu sidikna ditatap bari diusap. Mun keur kaparengan nyalsé sok
dielapan ku busa, méh daunna hérang (héhéh*kaciri euweuh gawena téh).
Keur "dahareunana", aya cai urut ngisikan sok dibanjurkeun lumayan
jadi marontok, aya cacing & kutu daun dipiceunan. Kacida atoh jeung
bungahna mun mucunghul pidauneun anyar, dinangna néngné jiga nanggeuy
endog beubeureumna. Balik gawé liwat Magrib, ku kuring diampihkeun, da
bisi disikat ku beurit, maklum beurit Sunda tea beuki lalab, kumaha
mun dihakan? Jabaning mani baradag, meujeuhna keur saté-un atawa
dijieun baso heheh*. Salian éta, pangpangnamah bisi aya nu
maling*ngégél curuk pan?
> 
> Manglayang, kitu ngaran toko kembang Anthurium bogana adi beuteung
kuring. Naha lain Lawu nu deukeut ka imah manéhna? Bromo, Kendeng,
atawa Kelud nu keur meujeuhna "batuk" jeung ngaran gunung-gunung lian
nu aya di Jawa Timur? Majarkeun teh nineung pisan, sabab STPDN tempat
manéhna baheula ngalap élmu aya di tutugan Gunung Manglayang jeung
pamajikanana urang Sunda. Gawé bareng jeung babaturanana, manéhna
ngajual ti mimiti siki nepi ka kembang nu jangkungna aya kana
sameteran leuwih. Ti mimiti harga puluhan rewu nepi ka puluhan juta
(promosi* baradé yeuh*! heheh*). Manéhna bur-ber asruk-asrukan nyiar
Anthurium ka wewengkon sejen salian ti Jawa Timur tuluy disasar ka
Jawa Tengah kaasup puseurna di Karanganyar Solo jeung Yogyakarta, geus
puguh ari ka Lembang mah remen bulak-balik jiga jalan ka cai.
> 
> Mun baraya kungsi maca dongéng kuring nu judulna "Kumaha Éngké"
pasti masih kénéh inget kumaha bingungna adi kuring ngajalanan sakola
Perwira Polri nu ngayakeun pundut pundé ka siswana lain ratus rebu
deui, tapi nepikeun ka puluhan juta bari jeung teu boga modal. Geus
jadi rusiah umum, remen nu nanyakeun mun geus lulus ti eta
sakola,"Beak sabaraha?". Loba babaturanana nu geus beak mobil & imah.
Alhamdulillah, kersaning Gusti milik mah timana wé* nepikeun ka 
dilantikna akhir bulan Oktober 2007 kamari manéhna dimodalan ku bati
dagang kembang Anthurium. 
> 
> Basa poé pelantikan nu lumangsung di Sukabumi, nu datang tisiklukna
ti suklakna, ti Aceh nepikeun ka Papua. Diramékeun ogé kunu dagang ti
mimiti baju, cocoan, dahereun, sato jeung bungbuahan, aya ogé nu
dagang kembang eros. Loba diantara kulawarga nu dilantik mareuli éta
kembang jang kabogoh, salaki atawa pamajikanana. Sanggeus bérés acara,
pating burubul kulawarga mikeun kembang eros sewang-sewangan. Adi
beuteung kuring culang-cileung da teu kapikireun méré kembang keur
pamajikanana tanda reueus, bungah jeung bagja, tungtungnamah ngomong
kieu,"Dek, tau gini Mas bawain Gelombang Cinta yang tingginya semeter
itu dari rumah*hahaha. " 
> 
> ro2
> 
> On 11/19/07, tenni supardi < [EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> kenging ti milis tatangga, mugi-mugi mangpaat... 
> 
> Mewaspadai Wabah "Gelombang Cinta" 
> 
> SETELAH masa booming bisnis ikan lohan berlalu, kini masyarakat
menghadapi kesibukan baru, yakni wabah gelombang cinta! Jenis tanaman
hias itu seolah menjadi sihir baru yang mampu menggerakkan hati
orang-orang yang sebelumnya bahkan tidak punya ketertarikan sama
sekali terhadap tanam-tanaman.
>


Kirim email ke