Euleuh ... nya eta ari alesanna tos kanu hobby tea mah rada sesah ....... Atuh
da kumaha geuningan da eta mah hobby atuh ...!!!
Heu-euh da ari nu ngaranna karesep tea nya kumaha atuh ...? Apanan eta mah hak
asasi te, sanes ....!?
Ngan kitu geuningan ... sok loba disalah kaprahkeun .... cobi wae ....
judi ...hobby, kerek wae sapopoe ... hobby, cocorokot ... hobby, nyandung
"hoki" ... aeh naha atuh kamana wae .......
Heran sim kuring mah ..... naha meni kudu tuturut munding atuh nya .....
Munding wae kuurang mah diturutan he.. he.. he.. Ari munding teh kebo tea sanes
...!? Mugi-mugi atuh Kang Kebo teh tiasa mirucaan anu sarare ah .... Tapi
percanten-lah .........
nyanggakeun
gl
--------------------
Dari: kumincir <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Rabu, 21 November, 2007 1:43:42
Leuheung mun enya hobi... Heheh... Pan lolobana mah ukur tuturut munding,
padahal geus puguh munding mah karesepna guyang leuleutakan, tapi da hayang
katangar boga rasa seni jeung estetika, katangar micinta kaendahan...
Nu itu keukeuh barang beuli sakahayangna, "Duit, duit aing ieuh. Naha sia bet
protes?"
Nu ieu keukeuh nyebut teu kagungan gableg, eh, "Dasar teu gableg kapadulian
sosial... Nu dipikiran teh kasenangan sorangan bae... "
"Na marukan aing teu kungsi nyumbang kitu? Marukan saha nu ngawangun panti
asuhan di ditu teh?!!"
"Saha kitu?"
"Nya kateuing atuh!! Da aing ge teu apal... "
"Jih..!! Sugan Si Jay nya ilaing mah?!!"
On 11/20/07, MRachmat Rawyani < mrachmatrawyani@ yahoo.com> wrote:
Dina perkara ieu, kuring ngarasa cocok jeung pipikiran
mang Jamal anu netelakeun "Dunya hobi beda jeung
dunya mangpaat". Anu kahiji leuwih dominan dina
perkara rasa anu hese ditaker sacara kuantitatif. Ari
nu hiji deui leuwih nonjolkeun itung-itungan untung
rugi, mangpaat jeung mudorat. Duanana oge boga
kaidah/aturan "sistem" sewang-sewangan..
________________________________________________________
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/