Sigana keur Sumedang mah, komo keur tukang tahu, rada hese tah ngadumukkeun
minyak jalantah diolah kanggo bahan biodiesel teh, da nya eta apanan para
tukang tahu kagorengan tahuna teh kedah ku minyak jalantah ........
haturan,
gl
------------------------
Dari: MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED]
Terkirim: Rabu, 21 November, 2007 10:11:05
Tah, siga kieu anu kedah kenging pangrojong ti urang
sadaya.
Ngomong-ngomong soal semen eh... minyak jalantah,
jaman kuring keur leutik, ari rek dahar euweuh
deungeun sanguna, biasana sangu teh sok dicampur
minyak jalantah jeung uyah, mani ni'mat teh.
kakara taun kamari nyaho, aya hiji panalungtikan
disertasi S3, dosen FKM UI, minyak jalantah teh
ngandung bibit pikangkereun. Pokona mah, minyak anu
dipake keur gogoreng (naon wae), salila 30 menit mah
aman. Tapi lamun dipake gogoreng leuwih ti 30 menit,
dina minyak geus ngandung bibit panyakit kangker.
Jadi tibatan pikangkeren, mendingan dijadikeun
piduiteun, diolah jadi minyak biodiesel. Hiji solusi
anu cerdas.
baktos,
mrachmatrawyani
anu tara jajalantahan deui.
________________________________________________________
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
http://id.yahoo.com/