Carita pangsiunan teu
eureun-eureun alias teu beak-beak, saperti nu dicaritakeun di handap
ieu 






Huis
Pangsiunan A:

“Dideu mah ayeuna
rumasa geus kolot, geus insap, dunia hitam teh geus ditinggalkeun!”





Ceuk kuring:

“Na ena atuh, geura buka tah kopeah,
mani ngeplak bodas…..!”









Sensus

Sensus penduduk keur dihangkeutkeun
sabab rek Pemilu, patugas ngadatangan ka sawatara imah pangsiunan,
ari nulis ngaran jeung alamat mah sarerea oge bener, ngan dina kolom
pagawean, patugas sensus nepika nyureng-nyureng bae. Ma’lum para
pangsiunan teh rata-rata urut pajabat
rada-rada boga panyakit “The post power syndrome” tea





Pangsiun A nulis: Pejabat teras
(maksudna nungguan teras imah)





Pangsiun B nulis: Pangacara (maksudna
pangangguran loba acara)





Pangsiun B nulis: Di Kodim (maksudna
dikomando ku nu di imah, biasa balanja ka pasar)





Pangsiun C nulis: BNI (maksudna Bagian
Nungguan Imah)





Pangsiun D nulis: BNI Tangerang
(maksudna Bagian Nungguan Incu nu di Tangerang, dasar!)





Pangsiun E nulis: Aktivis Masjid
(maksudna tugas rutin ari rek sholat berjamaah di masjid sok
miheulana qomat, sabab tara aya kajadian nu qomat oge jadi imam. Can
PD ngimaman. Rumasa ngambeu deui masjid teh saprak
MPP, jadi niat insap rek diajar deui)





Pangsiun F nulis: Mengembangkan bakat
bidang pertanian (maksudna bakat ku butuh, kapaksa macul)





Hampura saukur banyol, sok lah bales ku
para pangsiunan, tamba kesel geura, yu urang ngaramekeun Kusnet





Wassalam

Pangsiunan, pagawean: Ngajar (maksudna
Ngajar…edog)




      
________________________________________________________ 
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://id.yahoo.com/

Kirim email ke