Enya saleresna mah atuh para Pangsiunan teh kedah
tinggal heureyna wungkul idealna mah..komo heurey
Sunda mah..resep abdi mah ! Tos wae ulah nambihan
bebekelan wae..Tapi da teu tiasa aya wae pangabutuh
mah..kapaksa colak colek..keneh...
Dina masalah pangsiunan di RI mah aya beda anu
atra...ari anu disebat Tangtara mah..eta sok keneh
mawa Pangkat (sanes jabatan) pas pangsiun
teh....[Purn}. Ari sipil atanapi sawsta komo deui teu
tiasa pisan..maenya aya..Madhapi (Guru II D, Purn).
Atanapi Sholeh (Direktur PTPN X, Purn)...Ari ari para
perwira khususna pamen ka luhur mani alalajeng..Mayor
(Purn), Letjen (Purn), Marsda (Purn). Engke aya
Surtiwa (Kusnet, Purn)....wala dala......


 
--- Djakaria Purawidjaja
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sdrk Eman S, Mani haripeut hayang ngawaler jeung
> komentar perihal Humor pangsiunan. Da kakara atuh
> aya topic tina hal pangsiunan mah. Komo nu nulisna
> oge pangsiunan. Heug tah sakieu heula upami aya anu
> nyanggut tangtos di tuguran.
>   Djakara di JKT>
> 
> Eman Suherman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>               Carita pangsiunan teu eureun-eureun
> alias teu beak-beak, saperti nu dicaritakeun di
> handap ieu 
>   
> 
>   Huis  Pangsiunan A:
>   “Dideu mah ayeuna rumasa geus kolot, geus insap,
> dunia hitam teh geus ditinggalkeun!”
>   
> 
>   Ceuk kuring:
>   “Na ena atuh, geura buka tah kopeah, mani
> ngeplak bodas…..!”
>   
> 
>   
> 
>   Sensus  Sensus penduduk keur dihangkeutkeun sabab
> rek Pemilu, patugas ngadatangan ka sawatara imah
> pangsiunan, ari nulis ngaran jeung alamat mah
> sarerea oge bener, ngan dina kolom pagawean, patugas
> sensus nepika nyureng-nyureng bae. Ma’lum para
> pangsiunan teh rata-rata urut pajabat rada-rada boga
> panyakit “The post power syndrome” tea
>   
> 
>   Pangsiun A nulis: Pejabat teras (maksudna nungguan
> teras imah)
>   
> 
>   Pangsiun B nulis: Pangacara (maksudna pangangguran
> loba acara)
>   
> 
>   Pangsiun B nulis: Di Kodim (maksudna dikomando ku
> nu di imah, biasa balanja ka pasar)
>   
> 
>   Pangsiun C nulis: BNI (maksudna Bagian Nungguan
> Imah)
>   
> 
>   Pangsiun D nulis: BNI Tangerang (maksudna Bagian
> Nungguan Incu nu di Tangerang, dasar!)
>   
> 
>   Pangsiun E nulis: Aktivis Masjid (maksudna tugas
> rutin ari rek sholat berjamaah di masjid sok
> miheulana qomat, sabab tara aya kajadian nu qomat
> oge jadi imam. Can PD ngimaman. Rumasa ngambeu deui
> masjid teh saprak MPP, jadi niat insap rek diajar
> deui)
>   
> 
>   Pangsiun F nulis: Mengembangkan bakat bidang
> pertanian (maksudna bakat ku butuh, kapaksa macul)
>   
> 
>   Hampura saukur banyol, sok lah bales ku para
> pangsiunan, tamba kesel geura, yu urang ngaramekeun
> Kusnet
>   
> 
>   Wassalam
>   Pangsiunan, pagawean: Ngajar (maksudna
> Ngajar…edog)
> 
> 
>   
> ---------------------------------
>   Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan,
> di bidang Anda di Yahoo! Answers  
> 
>                          
> 
> 
> 
>        
> ---------------------------------
> Get easy, one-click access to your favorites.  Make
> Yahoo! your homepage.



      
____________________________________________________________________________________
Be a better pen pal. 
Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how.  
http://overview.mail.yahoo.com/

Kirim email ke