He... he... he...
Cingan atuh Kang ... karunya euy balad kuring teh tah ...... Nya meni katurug
katutuh wae atuh geuningan, nya ....!? Keun atuh cingan urang ubaran ambeh
cageur ...... tapi moal rame deuih, nya mun diubaran mah .....
Aeh ....... hapunten Ki Bolot ..... lain sih teuing kuring teu daek nulungan,
nya .....
baktos sim kuring keur balad .....
gl
-------------------------------
Dari: Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Rabu, 21 November, 2007 11:59:11
Paguneman Mang Utas :
Ngabageakeun Baraya Anyar
Ku: Kebo Hideung
Kebo : Uluh....ningan aya baraya anyar....mangga kalebet Kang,
candak we sendalna Kang, nepangkeun abdi Kebo
Mang Utas : Nya muhun atuh nya, Kang Roni..piraku sendalna kudu
dipesakan sagala.
Si Bolot : Asa kaingetan Mang...
Mang Utas: Ari kitu naon Lot ?
Si Bolot : Eta si Jago kamari diadu jeung hayam si Ewok, matana
sampe pecak Mang, duh kumaha nya ngubarana?
Kebo : Peunciiiiiiiiit Lot..!!!
Si Bolot : Halah Kang Kebo mah, lain ge ngubaran atuh dipeuncit
mah.
Kebo : Hmmm..giliran hayamna suruh dipeuncit mah, meni eces
dedengeana.
Mang Utas: Ke heula...Lot. .naon hubungana jeung obrolan urang?
Si Bolot : Kang Kebo, nyarios naon ceunah Mang Utas teh?
Kebo : Peunciiiiiiiiit hayamna burukeun..!! !! (bari pepeta)
Si Bolot : Lah..Mang Utas mah, saruana jeung Kang Kebo, piraku si
Jago kudu dipeuncit mah.
Mang Utas: Naha bet kana meuncit si Jago sagala ieu teh? cikan
jelaskeun tah Kang Kebo.
Kebo : Ha..hu..wah. .jug...ha yam Ja go Ciiiiiit !!!! (bari pepeta)
Si Bolot : Ohhh...kapanan tadi si Mang Utas keur ngabahas Pecak,
nya hayam kuring anu ngarana si Jago matana pecak !
Kebo : Hu..wa..Mang Tas..tadi os..pe...cak. . (bari pepeta ka
Mang Utas)
Mang Utas: Halah tong make pepeta sagala atuh ngomong jeung uing
mah Kang Kebo, mani disaruakeun jeung si Bolot.
Kebo : heu.heu.heu. ..hampura Mang....
Mang Utas: Yeuh Lot..tadi mah lain nyebut Pecak uing mah, tapi
Pesak...! kadenge teu !!?
Si Bolot : Ohhh...muhun Mang, punten we atuh sugan teh
pecak..hehehhe. .
Kebo : Cikan naon Kang Bolot anu bieu ditanyakeun ku mang
Utas? (bari pepeta)
Si Bolot : Oooh...eta, enya kapanan Mang Utas teh ceunah hayang
nyieun sasak, leres teu Mang ?
Mang Utas: teuing ah...lieur ngobrol jeung maneh mah Lot...hayu ah
kang Roni urang kalebet, keun nu burung mah sina
ngobrol deui jeung nu burung.
Si Bolot : Tuh nya Mang Utas mah, tina hayam kana burung...teu
nyambung ah ngobrolna.
Mang Utas: (Ngaleos ke jero saung)
Kebo : Heu.heu.heu. heu.....aya anu gondok
Si Bolot : (colohok).
________________________________________________________
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo..com/