Anu jadi pikiraneun Depkominfo teh, lian ti masalah per-unjal-an, oge
masalah traffic, bandwidth, atawa naon nya istilahna teh, poho deui. Pokona
mah ngeunaan akses internet ti indonesia. nepi ka ayeuna memang kudu diaku,
yen ramatloka teh lolobana nyayang di luar. Mun urang muka eta loka, aya
ongkos nu kudu di bayar ka nagara tempat nyayangna eta loka (BMS).

Kahayangna, cik atuh loka2 teh nyarayangna di Indonesia, di jero nagara,
jadi duitna teu ngencar ka luar. Pikeun narekahan hal eta, di antarana,
cenah Depkominfo (atawa saha lah baladna) keur ngadatangkeun sababaraha
server, ngarah loka2 teh bisa nyarayang di indonesia. Lian ti eta, kalawan
dikokolakeun ku Panji (www.panji.or.id), eta departemen oge teu weleh
ngampanyeukeun dipakena domain .id (co.id, go.id, or.id).

Perkawis keurseus, hususon ngeunaan wiki ieu mah, upami nu di Bandung memang
marinat, tiasa wae urang ngayakeun sarupaning keurseus kilat, demo bari prak
langsung diajar kumaha prakprakanana ngawiki. Saratna mah hiji bae, tempatna
kedah di rohangan full computer (wios teu full AC ge) anu sadayana nyambung
ka internet, kawas riungan Simpay di Lab. Komputer UI ampir dua taun ka
pengker. Tanagana mah sugan pareng tiasa ngajak para kontributor Wikipedia
Sunda (lolobana mah alabur-aburan nedunan pancen dunungan).

On 11/16/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Duh…hanjakal teuing nya?... da, kumaha atuh hoyongnamah hoyong ngalap
> elmu teh, mangkaningan haratis deuih… mung nyaeta ku tebihna, sareng acara
> teh dintennan damel pan?… namina ge kuli, hese ngejatna.
> Sae tah ajakan Bapa Dirjen teh…leres atuh da, pangraos-raosna
> "ngunjal/ngadownload" mah, teu hese cape mikir heheh…
>

Kirim email ke