Kang Kumi, Aya info ti mang Maya (kang Maya) sapertos kieu:
Nembe abdi kontak sareng saderek anu di telkomsel.... akses internet mah siap...... abdi laptop siap...mangga bade ditambut mah (asal ulah dipiboga) hehehe... kantun tempat.... sareng pembicara....... hayu der ah... urang ayakeun acara seminar ngawiki...ngeblog....heheheh...... urang babetkeun deui weh kanu milist..... Mangga kang Maya lajengkeun. Jigana kang Kumi sayogi waktos sareng tanagi kanggo janten isntrukturna. Salam, Aschev ----- Original Message ---- From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, November 21, 2007 8:02:44 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Re : Fwd: ngawiki & ngablog Anu jadi pikiraneun Depkominfo teh, lian ti masalah per-unjal-an, oge masalah traffic, bandwidth, atawa naon nya istilahna teh, poho deui. Pokona mah ngeunaan akses internet ti indonesia. nepi ka ayeuna memang kudu diaku, yen ramatloka teh lolobana nyayang di luar. Mun urang muka eta loka, aya ongkos nu kudu di bayar ka nagara tempat nyayangna eta loka (BMS). Kahayangna, cik atuh loka2 teh nyarayangna di Indonesia, di jero nagara, jadi duitna teu ngencar ka luar. Pikeun narekahan hal eta, di antarana, cenah Depkominfo (atawa saha lah baladna) keur ngadatangkeun sababaraha server, ngarah loka2 teh bisa nyarayang di indonesia. Lian ti eta, kalawan dikokolakeun ku Panji ( www.panji.or. id), eta departemen oge teu weleh ngampanyeukeun dipakena domain .id (co.id, go.id, or.id). Perkawis keurseus, hususon ngeunaan wiki ieu mah, upami nu di Bandung memang marinat, tiasa wae urang ngayakeun sarupaning keurseus kilat, demo bari prak langsung diajar kumaha prakprakanana ngawiki. Saratna mah hiji bae, tempatna kedah di rohangan full computer (wios teu full AC ge) anu sadayana nyambung ka internet, kawas riungan Simpay di Lab. Komputer UI ampir dua taun ka pengker. Tanagana mah sugan pareng tiasa ngajak para kontributor Wikipedia Sunda (lolobana mah alabur-aburan nedunan pancen dunungan). On 11/16/07, Roro Rohmah <Roro.Rohmah@ sidola.com> wrote: Duh…hanjakal teuing nya?... da, kumaha atuh hoyongnamah hoyong ngalap elmu teh, mangkaningan haratis deuih… mung nyaeta ku tebihna, sareng acara teh dintennan damel pan?… namina ge kuli, hese ngejatna. Sae tah ajakan Bapa Dirjen teh…leres atuh da, pangraos-raosna "ngunjal/ngadownloa d" mah, teu hese cape mikir heheh… ____________________________________________________________________________________ Be a better sports nut! Let your teams follow you with Yahoo Mobile. Try it now. http://mobile.yahoo.com/sports;_ylt=At9_qDKvtAbMuh1G1SQtBI7ntAcJ

