Kang Kumi, sim kuring pesen sahiji mah anu pendek. Alamat engke di japri.
Nuhun. ----- Original Message ----- From: kumincir To: Kusnet Sent: Wednesday, November 21, 2007 5:16 PM Subject: [Urang Sunda] Karaoooossss..... Baraya, basa HBH di Kiara Payung kamari teh panitia nyieun dua rupa kaos. Anu hiji hususon pikeun panitia, anu hiji deui icaleun ka nu sarumping... Alhamdulillaah, 30-an potong mah pajeng eta sakadang kaos teh. Tah, bilih bae aya kadang wargi anu hoyong ngaraosan ieu kaos, tiasa dipesen ka abdi. Pangaosna minimal 50 rebu rupia (teu acan kalebet ongkos kirim). Upami nawurna dilangkungan, nuhun pisan, salira parantos nyumbang ka Yayasan Perceka saageung 10 rebu (+ langkungna) rupia. Kaosna teh aya nu leungeun panjang, aya nu pondok. Rarancangna aya dina gambar lampiran (desain ka-2), anu desain kahiji mah anu kamari janten kaos panitia, henteu ready stock, ke ka payun manawi tiasa didamel deui (pami aya nu pesen). Kaosna kantun 25 potong deui: 11 panjang, 14 pondok, ukuran all size alias disamikeun sedeng. Anu bade pesen, mangga kintun artosna ka rekening abdi di Bank Mandiri Cabang Jakarta RSCM Nomer 122-00-0449302-2 a.n. Iskandar A. Adnan Atuh bilih bade sakantenan dikintun buku2 Sunda, mangga kantun pesen bae (sareng ngintun artosna). Poto2 HBH kamari sapalih tiasa ditoong di http://www.flickr.com/photos/kumincir/tags/hbh/ -- sikandar kumincir.blogspot.com

