Ceuk kuring mah, sikep kang Asep anu agul make kaos
KUSnet, salah sahiji contoh kasus, aya kareueus kana
identitas budaya (Sunda) dina perkawis "keragaman
budaya". Anu kedah dicegah teh, ulah dugi ka matak
janten sikep etnosentrisme, budaya uing (Sunda) anu
pangalusna, ngagogoreng budaya sejen. Dina keragaman
budaya ieu, saleresna posisi masing-masing etnis
sajajar, teu aya anu leuwih punjul. Kaliru upami
nyebatkeun budayana urang Papua rendah, sabab masih
ngangge koteka, ngadahar hileud, sareng sajaba ti eta.
baktos,
mrachmat Uidipura
anu teu konsisten kana prinsip keragaman budaya, sabab
teu wani kokotekaan.
--- "SPB-OQA. Asep Heriandi" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Kang Kumi-Teh Pupi
> Kaos tos katampi dinten jum'at "2Potong"..., gelo
> euy kaosna "Heded Banget" jang ukuran dibatam anu
> hawana panas meni adem pisan. Poe sabtu sore geus di
> pake nyaba meuni agul makena oge euy bari irung
> rebah rebeh jeung dada semu tegep tea.
> Hatur nuhun pisan.
>
> Asep Heriandi
> 08127721788
> Ari suganteh rek aya stikeran, lamun aya stiker
> kusnet baledoggeun geura ka Batam.
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs