Para kadangwargi Urang Sunda sadaya; Punten, sim kuring pun Dimyati tea nu diajak makalangan di ieu milis ku alpukahna kang Didin Kustandi nu katawisna mah tara sering sumping ka dieu. Sim kuring bade pipilueun ilubiung ngeunaan pipilih tokoh idola urang Sunda. Aya sabbaraha usul: Kahiji, kumaha upami diciptakeun sababaraha tokoh kalayan peran nu beragam, upamina aya tokoph nu berjuang di ekseskutif, aya tokoh nu berjuang minangka wakil masyarakat, aya tokoh pengusaha, aya tokoh pendidikan, aya tokoh agama, aya buruh, aya pemuda, aya tokoh wanita, sareng sajabina. Margi picontoeun teh kedah picontoeun pikeun golongan masyarakat nu mangrupi-rupi. Kadua, dina mintonkeun sadaya tokoh tea, tiasa di pisah-pisah dina alur kisah masing-masing, tapi oge tiasa dihijikeun dina hiji kisah. Mungkin oge tiasa dikombinasikeun. Nu ngarekacipta, masing-masing tokoh oge tiasa ku sababaraha pihak, nu kedah sering tepang dina forum maya atanapi nyata, nyawalakeun karakter tokoh sareng alur kisah masing-masing. Katilu, masyarakat dipaparin kasempetan kanggo ngiring ilubiung medarkeun pandanganana kana karakter tokoh sareng alur kisahna, malahmandar gagasan ngeunaan karakter tokoh sareng kisahna enggal nerekab di masyarakat. Hal ieu tiasa digelar kalayan nganggo mangrupi media, cetak, elektronik, sawala sareng sajabina. Kaopat, kedah aya versi khusus basa Sunda sareng versi bahasa Nasional, ngarah idola urang Sunda teh oge janten picontoeun pikeun sakumna bangsa Indonesia nu nuju leungiteun ku para pahlawanna. Sakitu heula, hatur nuhun.
Ahmad Dimyati Palapa XVII No 8, Pasarminggu Jakarta Selatan 12520 ----- Original Message ---- From: Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Saturday, November 24, 2007 10:39:29 PM Subject: [Urang Sunda] Re: Wastu jeung KDKBK Wilujeng Ua Sas, Nya ieu pisan anu dimaksud dina usulan kang Wahyu Wibisana sangkan nyieun ikon anyar anu karakterna ngagambarkeun Urang Sunda picontoeun atawa tuladaneun. Hal ieu kungsi ditepikeun ka milist minangka laporan tin Forum Group Discussion (FGD) JAbar 2007 widang Kabudayaan, sakumaha dina massage nomer 119517 ieu milist (tiasa ditoong di:http://groups. yahoo.com/ group/urangsunda /message/ 119517) Harita, Kang Wahyu madungdengkeun jejer sarupa kitu dina raraga mairan ka sagolongan Urang Sunda (US) anu ngusulkeun sangkan ikon budaya urang dina tangtungan tokoh Si Kabayan dirobah karakterna. Beh jauhna, hal ieu pakait jeung hiji kajadian Presiden Indonesia ayeuna, Pak SBY tea anu kungsi menta dipintonkeun lalakon si Kabayan dina hiji acara Nasional minangka wawakil ti Tatar Sunda (Jabar). Patali jeung hal eta, loba US anu ngomentaran yen Si Kabayan teu pantes dijadikeun gambaran wawakil US, sabab. loba carita Si Kabayan anu eusina ngebrehken Si Kabayan anu pamalesan. Kukituna, eta sagolongan US teh ngusulkeun sangkan tokoh si Kabayan diganti karakterna (sing sarwa alus, singgetna : picontoeun). Kang Wahyu harita, dina forum FGD, ngusulkeun sangkan ulah ngarobah tokoh si Kabayan, keun wae sina sakumaha ayana minangka hasil kreasi budaya US. Tapi, saur kang Wahyu kurang leuwih harita, US kudu kreatif nyieun tokoh anu anyar anu karakterna sing sarwa hade alias picontoeun tea anu eta tokoh teh dikali (BInd: digali) tina akar budaya US keneh. Harita kang Wahyu ngusulkeun salah sahiji ngaran pikeun eta tokoh teh nyaeta "Mundinglaya" . Komentar si kuring dina laporan FGD sakumaha dina arsip massage di luhur persis saperti guaran Ua Sas: Urang Jepang, bakat ku hayang jadi jawara maen bal sadunya nepi ka nyieun carita "Kapten Tsubasa". Hasilna, teu mengpar-mengpar teuing. Kacida ngrojongna lamun aya ti kelompok KDKBK anu dilaporkeun ku Ua Sas dihandap ieu aya usulan sangkan tokoh anu dimaksud dina jejer carita satanding jeung kapten Tsubasa diaranan "Wastu". Asa leuwih pas aran "Wastu" tinimbang "Mundinglaya" , kusab singget jeung tatapakanana kacatet dina sasajara. Tapi, lamun arek duanana ("Wastu" jeung "Mundinglaya" ) jadi ikon anyar tokoh Sunda tuladaneun, aya hadena oge, meh loba pilihaneun. Bisa wae, upamana, "Wastu" keur nokohkeun US anu jadi pamimpin teh anu geus ngahontal hambalan "kaprabuan" (dina runtuyan ti handap nepi ka pangluhurna: Raja-Ratu-Prabu) dina mangsa keur budak nepi ka nonoman. Sedengkeun, Mundinglaya keur fragmen nalikan ieu tokoh geus hasil nepungan jatidirina tur niat turun deui ka bumi pikeun mawa rahayatna babarengan ngahontal kabagjaan hirup. Kukituna, Wastu jeung Mundinglaya teh eta-eta keneh (Hehehe, jadi inget ka Mh: Tilu Sapmulu, Dua Sakarupa, Nu Hiji Eta keneh Eta keneh). Cag. Baktosna, manAR --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "MSasmita" <matsasmita@ ...> wrote: > > Lamun urang maca buku bacaeun barudak urang Sunda, boh ti beh ditu mula, contona buku Rusdi jeung Misnem, anu dicaritakeun ngan saukur sabudeureunana, kitu deui dina buku Gandasari. > Pola carita samodel kitu sigana can robah tug nepi ka kiwari, sanajan aya parobahan ge kacida saeutikna. Nu dimaksud parobahan teh upamana dina "view" anu kabaca. > Lain deui lamun urang maca buku komik Jepang samisal kapten Tsubasha, lain bae ngan sakadar maen bal jeung sabaladna tapi deuih boga visi anu leuwih jembar nepi ka aya kahayang main jeung kleub ti Brazil, malah ceuk beja jolna buku Kapten Tsubasha teh mere sumanget ka bangsa Jepang sangkan nguniang bisa ngalalakon dina Piala Dunia. Memang aya dina carita buku Sunda ge anu nyaritakeun hal maen bal tapi kapan ngan saukur jeung kasawelasan antar kampung, terus eureun euweuh tuluyna. Kitu deui lamun lalajo carita Avatar, budak leutik anu boga visi hayang nyalametkeun dunya ( hampura bisi salah, lantaran lalajona ngan saukur saliwat saliwat). > Dina carita barudak Sunda can aya anu bisa dijadikeun "hero", anu bisa ngeusian imajinasi barudak jaman kiwari. > KDKBK (Kelompok Diskusi Kota Bandung Kidul), pangna disebut Bandung Kidul pedah we padumukan para aktivis teh ayana di beulah kidul, nu ngayakeun diskusi leuleutikan bulanan, tempatna nguriling di anu daek katempatan, nu ngiluan diskusi ge teu loba ukur limaan atawa genepan, diantarana kuring, Irfan Amalee, Iip D Yahya, Dian Hendrayana, Dadi P Danusubrata jeung aya deui duaan budak ngora, nyobaan mere pilihan nyaeta rek ngajagokeun Wastu. > Wastu teh Wastukancana dina sajarah Sunda, dina sababaraha catetan sajarah kungsi aya carita jaman keur leutikna, sanggeus ditinggal ku ibu/ramana jeung ku lanceukna anu tiwas di Bubat, terus dirorok ku emangna nyaeta Bunisora Suradipati. Waktu ditilar ku kolotna umurna kakara 9 taun, terus dijenengkeun jadi raja dina umur 23 taun. Tah salila ngalalana samemeh jadi raja ieu aya kasempetan keur diropea jadi carita bacaeun barudak Sunda. > Dina buku Wastukancana Yosep Iskandar, aya episode diculik ti karaton ku Rakean Hujung, maksudna diculik teh sabenerna cara rerencepan pikeun ngawarah Wastu di Binayapanti, sabenerna Rakean Hujung nyulikna teh sakanyaho Bunisora, eta mah pikeun miceun salasah sabab tempat anu disebut Binayapanti teh tempat paguron anu dirasiahkeun sabab didinya digemblengna para balamati. > Jeung deuih lamun maca dina sajarah Wastukancana raja anu panglilana jadi raja leuwih ti saratus taun, kaayaan nagara teu kasebut pacogregan, teu kasebut loba karaman, Wastu geus bisa nyingkahan dendam jadi gawe anu hade. > Ngan siga kumaha ari tangtungan Wastu, kumaha papakeanan keur leutik, kajadian naon bae anu kungsi dilakonan salila nyiar elmu, hal ieu anu keur dileukeunan dikorehan. > Lamun geus manggih jeung geus panceg kakara rek medal anu diluluguan Kang Irfan Amalee, pedah inyana aya di Mizan di divisi animasi kaasup komik jeung boga pangalaman dina widangna. Duka teuing medalna dina wangun kumaha can bisa kagambarkeun siga kumaha. > Ayeuna mah kakara mere pilihan ngajagokeun Wastu. > Bilih baraya sadayana aya pamendak anu sanes, mangga diantos pisan. > > MSasmita > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

