Hatur nuhun kana waleranana. Karaos ngajenan kana sagala rupi asupan. Ningali 
sakitu seueurna biografi nu tos aya, oge ASOS, sareng ensiklopedia karaos 
simkuring tos lawas tamelarna kana karya carita basa Sunda. Padahal nuju ngora 
mah tukang ngimeutan buku sareng majalah Sunda. Upami ngabandungan kirang 
nerekabna minat maca karya carita basa Sunda atanapi/sareng tokoh urang Sunda 
di masyarakat, panginten kedah nganggo taktik hubungan masyarakat nu langkung 
mikat ka balarea. Ku pangemut pribados aya sababaraha taktik nu tiasa 
dilarapkeun, upamina wae ayakeun acara bedah buku atanapi pedaran biografi 
tokoh dibarung ku raramean nu dirojong ku iklan. Teu sawios upami dikaitkeun 
sareng kampanye pencalonan presiden, wakil presiden, atanapi gubernur sareng 
wakil gubernur oge.  Upami teu aya muatan politikna, tiasa dikaitkeun sareng 
muatan lokal kurikulum atanapi ekstra kurikulum di sakola (aya keneh kitu?), 
upamina pedaran buku teh diadumaniskeun sareng lomba
 tulis, baca, sareng biantara  basa Sunda pikeun barudak sakola ti SD dugi ka 
mahasiswa. Oge lomba nu merenah kanggo balarea. Ngarah rame pisan kedah aya 
sponsorna ti tokoh nu bade makalangan ka pemilihan, sareng perusahaan nu resep 
ka urang Sunda, atanapi produkna dipikaresep/dipikabutuh ku urang Sunda. Mung 
omat, karya cipta nu siga gambar Dayang Sumbi nu ditangkelkeun dina surelek 
pangersa (astaghfirulloh!) ulah dugi ka ngiring ancrub dina sagala acara. Matak 
isin ningalina.
Hatur nuhun kana perhatosanana.

A. Dimyati


 


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke