tong boroning basa Sunda, dalah bahasa Indonesia oge
di tingkat nasional pikahariwangeun, ku ayana para
nonoman, nganggo basa batawi dina sagala kasempetan,
naha dina komunikasi sadidinten, forum resmi, syair
lagu basa Indonesia anu dicampur ku basa asing,
atanapi anu utamina mah dina acara televisi atanapi di
radio. Dalah dugi ka basa iklan sagala.
Ceuk kuring mah sanes masalah hese, sieun salah
atanapi kuno, teu komunikatif, tapi masalah "mind set"
sareng kawijakan politik berbahasa ti pamarentah. Para
nonoman ayeuna, heunteu gaduh kareueus kana basa
daerah/nasional, margi teu gaduh pengetahuan yen basa
teh salah sahiji identitas budaya sareng kepribadian
bangsa. Sok sanaos konsep ieu teh abstrak, nya tugas
para ahli kanggo ngajelaskeun ka balarea.
(hanca)

baktos,

mrachmat Uidipura.


--- Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Punten ngiring mairan;
> Kumaha upami "Langkung someah nganggo basa Sunda",
> atanapi "Leuwih jentre ku basa Sunda".
> Sajabi ti propaganda sareng kampanye, oge peryogi
> saeutik-saeutik disusun tuntunan basa Sunda kanggo
> biantara resmi nu sabeuleugeunjeurna nganggo basa
> Sunda, basa Sunda kanggo pamaes dina pidato resmi
> bahasa Nasional (Gupernur sareng para pejabat
> sanesna sok nganggo cara ieu upami pidato resmi di
> payuneun masyarakat Sunda), sareng basa Sunda kanggo
> komunikasi sapopoe disarungsumkeun kana bahasa
> Nasional sapertos, "Kalau seperti itu mah, saya juga
> bisa",  "Dengan cara seperti itu teh kepercayaan
> masyarakat akan terpelihara". Mungkin urang kedah
> langkung rancage sareng leber wawanen nambihan
> panyarungsum ku kosakata nu langkung seueur, sanes
> mung ukur panganteb. Contona kecap-kecap pabaliut,
> amburadul, ujug-ujug, ngabuburit tos remen dianggo
> dina bahasa satengah resmi, upamina wae dina
> pernyataan di lebeting rapat resmi, malah simkuring
> sok sering mireng naskah pidato resmi nganggo
> kecap-kecap eta (tangtos nyalahan bahasa Indonesia
> baku). Kecap-kecap
>  pagaliwota, pinisepuh, sareng seueur deui kecap
> Sunda langkung succinct (pendek tapi langkung
> jentre) batan bahasa Malayu tiasa ditalungtik teras
> diangkat janten bahasa baku nasional. Cag heula.
> 
> Ahmad Dimyati
> 



      
____________________________________________________________________________________
Be a better sports nut!  Let your teams follow you 
with Yahoo Mobile. Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/sports;_ylt=At9_qDKvtAbMuh1G1SQtBI7ntAcJ

Kirim email ke