Euleuh ... euleuh ..... meni baragja pisan eta ki dulur ......... Hatur nuhun
sateuacanna.
Mangga atuh Kang Yogie geura prungkeun kagungan rancana teh ... tah geuningan
seueur anu ngadukung teh.
Bilih bade ditedunan mah mangga tiasa langsung japri wae kaaranjeunna ...
atanapi sok ku sim kuring dibaktos bilih peryogi anu sanesna.
hatur nuhun,
gl
----------------------
Dari: "Suryana, Endang (ANTV)" <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [EMAIL PROTECTED]
Terkirim: Senin, 26 November, 2007 9:51:54
Kang yogie, ngiring bingah yeuh. Alhamdulillah, ieu teh kabar gembira kanggo
warga alit mah. Upami peryogi publikasi, mangga dibantos ku sim kuring. Mugia
ngabantos nyebar luaskan ieu kabar sae the. Jangjian wae iraha sareng dimana
(upami tiasa mah pembangkitnya sambil didemo keun). Engke Insya Allah reporter
sim kuring nepangan kang Yogie. Sami, ieu oge gratis kang.. He....he...he.
Nuhun
From: alumni-smunsa@ yahoogroups. com
Sent: Sun Nov 25 22:45:35 2007
Subject: Re: [alumni-smunsa] Pembangkit Listrik Tenaga Angin
Juragan, ari Yogie teh saalumni pangintennya. Sok atuh ari aya maksad mah
manawi tiasa dibantosan.
Aya tanah sisi pantai di Cisolok, Sukabumi, sepanjang 4 Km mah. Kantun
milih lokasi, manawi kaangge.
Dinten Jum'at dugi ka Minggu siang insya Allah abdi aya di Bandung. Jangjian we
upami tiasa mah. Urang ngobrol-ngobrol we sareng jinisna supados jelas
pamaksadanana.
Nuhun,
YNS
Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED] co.id> wrote:
Eudeuh ... eudueh ..... aya ku mulia eta rancana teh ...... Tah ieu
pahlawan engkena pikeun warga anu rek disorangna..
Enggal atuh tah baraya .... dulur-2..... geura waler pamundutna
.........
nuhun,
gl
------------ --------- --
Dari: yogie <[EMAIL PROTECTED] com>
Terkirim: Rabu, 21 November, 2007 8:56:12
Assalamu'alaikum Wr Wb..
Para wargi sadaya, sim kuring di Jurusan TF-ITB, ayeuna teh gaduh alat
pembangkit listrik tenaga angin. Rencana teh bade di ujicoba keun ayeuna. Alat
ieu teh rencana na mah bade di pasang di desa nu teu acan aya listrik. Engke
listrik na tiasa dimanfaatkeun ku warga desa Gratis.
Bilih aya wargi-wargi anu terang tempat-tempat atanapi desa-desa nu teu
acan aya listrik di Jawa Barat sim kuring nyuhungkeun informasina. Di utamakeun
di daerah-daerah pantai selatan Jawa Barat, ku margi angin na rada ageung. Di
daerah Indramayu, Subang, Sumedang atanapi Majalengka oge teu sawios-wios.
Hatur Nuhun.
________________________________________________________
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/