Sampurasun,

Sobat, dulur, jeung baraya sadaya kamaha daramang..?
nepangken sing kuring mintra ayar, anu hoyong diajar nganggo bahasa sunda, anu 
hoyong ngamumule budaya sunda.
sim kuring teh urang sunda, asal muasal mah ti tatar galuh (Ciamis), ngan 
ayeuna ngumbara dumen-dumen di tatar para hiangan (Bandung).

Sim kuring ngarasa bagja, manggihan ieu millis, geningan urang sunda teh masih 
loba sumebar pelosok dunya. Sim kuring hoyong ngawartosan ka sayana urang sunda 
anu sesep tur hoyong ngamumule urang sunda. Simkuring teh jeung warga lainna 
ngabangun hiji radio komunitas anu di ngarnan radio Komunitas PASS ka pendekan 
tina Positif, Akomodatif, Selekttif, jeung Swadaya.

Acara-acara di radio teh campuran maklum da radio komunitas, wargana ge lain 
urang sunda kabeh. tapi pada dasarna lolobana kabudayaan sunda diantarana :
- Lembur kuring biasa nampilkeun kesenian-kesenian sunda sacara langsung, di 
tayangkeun satiap poe senen malam salasa sataip mingguna
- Wayang Golek, sakabeh urang sunda sigana moal birek deui kada kabudayaan anu 
ieu mah, ieu biasana di tayang keun diana malam rebo jam 22.00 wib tug dugi ka 
rengse.
- Paguneman, acara ieu ngabahas asal usul sajarah kabudayaan sunda
- jeung acara-acara kawih sunda lainna.

Dulur, baraya sadaya tiasa nyumpingan ka : http/:www.kpassfm.net  terus klik 
menu radio streaming anu aya gambar mic-na. 
Dulur baraya sadaya, tiasa ngupingking siaran kabudayaan sunda ngalangkungan 
radio internet, yu urang mumule kabudayaan sunda teh. da gening lamun sanes ku 
urang ku saha deui ieu kabudayaan teh di mumulena.

hatur nuhun,


Supriatna


      
________________________________________________________ 
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://id.yahoo.com/

Kirim email ke