Ningali pasuliwerna para angota KUSnet ngirimkeun
surelek anu meredih hiji pasualan anu aya pakaitna
jeung Kasundaan, jigana geus wancina upama nyieun hiji
ugeran/patokan pikeun warga KUSnet, pikeun "nguasai'
hiji pangaweruh. Kuring mah nyebutna teh "semacam"
kurikulum. Enya kurikulum jiga perkuliahan. Contona
pama urang hoyong terang perkara Karajaan Sunda
heubeul, buku-buku naon wae anu kudu dibaca. Lamun
hayang ningali basa Sunda anu dipake sapopoe jaman
saeuncan kamerdekaan, baca buku "Rusdi jeung Misnem",
jrrd.
Ku ayana kurikulum ieu, diharepkeun pangaweruh para
warga Kusnet teh,heunteu 'jomplang' pisan. Jeung
deuih, bisa ningkatkeun mutu, dina perkara Kasundaan.
Aya kabanggaan ancrub di babakan KUSnet teh, aya
"nilai lebih".
Cik, kumaha tah upama komentarna, upama aya kurikulum
KUsnet?
baktos,
mrachmat Uidipura
Gawena ngan kukuruyuk, lain kurikulum
____________________________________________________________________________________
Get easy, one-click access to your favorites.
Make Yahoo! your homepage.
http://www.yahoo.com/r/hs