teh roro. derenten teh, eta tempat baraya jauh urang nu di taman sari, lebakeun itb tea. hehehe. (mh)
On 11/26/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kaleresan kamari nongton acara Dalingding Asih (karaokean lagu Sunda) > di Bandung TV nu diasuh ku Teh Rika nu geulis tea. > > Sanaos nu kenging adu ngahaleuang teh istri, tapi naha nya? Teu dimana, > teu dimendi nu ngaramekeun acara ka-Sundaan teh seuseueurna pameget, ari > istrina kamarana nya?... > > > Aya hiji lagu, pami didangukeun teh asa apal, nembe terang yen judulna > "Mangle". > Bilih diantawis baraya aya nu teu terang oge, nyanggakeun .... > > *Mangle* > > Cipt : Mang Koko > > > > Ampuh lungguh someah > Tara rucah awuntah > Resep cicing di imah > Babalik pikir… > > > > Ka bioskop sok ngampleng > Ka derenten ge suwung > Ka pagade ge lebeng > Babalik pikir… > > > > Di tepas teu tembong > Bumi siga kosong > Horeng susulumputan > Ieuh sieun rekening… > > > Ke...ke... ari "derenten" teh naon? > > > haturnuhun, > ro2 > > > > > > > Re: [Urang Sunda] Re: [Urang Sunda.dongeng keur leutik > > > > sababaraha waktu kaliwat (duka minggu atawa bulan), di ieu milis aya > baraya nu ngabewarakeun yen anjeunna (kulawargana) mibanda koleksi majalah > mangle ti mimiti nomor munggaran keneh. asana inyana nawarkeun upama eta > koleksi rek digitalkeun. jigana upama diubek dina arsip ieu milis, baris > kapanggih saha tah baraya teh. (mh) > > On 11/23/07, *MSasmita* <[EMAIL > PROTECTED]<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/post?postID=KMSKjF7yzYFaOPqhFo6t4sYYpAr89AsF7lBkaQLIrapodWL_SqYOdxK37Wwjvpb6vEVADIEy9emdBnKJSR8>> > wrote: > > Dinten kamari sim kuring teh dipasihan gambar buku Mangle, tapi nu ieu mah > sanes majalah Mangle anu ayeuna terbit keneh, tapi buku Mangle anu terbit > taun 1913. > > Hanjakalna eusina buku teh teu aya, manawi we upami Kang John ameng ka > Leiden, tiasa mendakan buku ieu. ieu gambar jilid payun, sareng aya gambar > ilustrasi di lebetna. > > > MSasmita > >

