Kaleresan kamari nongton acara Dalingding Asih (karaokean lagu Sunda) di 
Bandung TV nu diasuh ku Teh Rika nu geulis tea. 
Sanaos nu kenging adu ngahaleuang teh istri, tapi naha nya? Teu dimana, teu 
dimendi nu ngaramekeun acara ka-Sundaan teh seuseueurna pameget, ari istrina 
kamarana nya?... 

Aya hiji lagu, pami didangukeun teh asa apal, nembe terang yen judulna 
"Mangle". 
Bilih diantawis baraya aya nu teu terang oge, nyanggakeun ....
 
Mangle                             
Cipt : Mang Koko

Ampuh lungguh someah
Tara rucah awuntah
Resep cicing di imah
Babalik pikir*

Ka bioskop sok ngampleng
Ka derenten ge suwung
Ka pagade ge lebeng
Babalik pikir*

Di tepas teu tembong
Bumi siga kosong
Horeng susulumputan
Ieuh sieun rekening*

Ke...ke... ari "derenten" teh naon?
 
haturnuhun,
ro2
 


Re: [Urang Sunda] Re: [Urang Sunda.dongeng keur leutik 
 
sababaraha waktu kaliwat (duka minggu atawa bulan), di ieu milis aya baraya nu 
ngabewarakeun yen anjeunna (kulawargana) mibanda koleksi majalah mangle ti 
mimiti nomor munggaran keneh. asana inyana nawarkeun upama eta  koleksi rek 
digitalkeun. jigana upama  diubek dina arsip ieu milis,  baris kapanggih saha 
tah baraya teh. (mh) 
On 11/23/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
Dinten kamari sim kuring teh dipasihan gambar buku Mangle, tapi nu ieu mah 
sanes majalah Mangle anu ayeuna terbit keneh, tapi buku Mangle anu terbit taun 
1913.
Hanjakalna eusina buku teh teu aya, manawi we upami Kang John ameng ka Leiden, 
tiasa mendakan buku ieu. ieu gambar jilid payun, sareng aya gambar ilustrasi di 
lebetna.
 
MSasmita

Kirim email ke