Punten, uing tos lami henteu merhatoskeun tata basa Sunda, janten aya 
sababaraha pertanyaan (patanyaan?) dihandap ieu ka anu masih can hilap tata 
basa Sunda:
 
Tiis (kecap sifat)
Niis (kecap gawe)
 
Aya anu terang naon bentenna hartos kata-kata benda dihandap ieu?
 
Patiisan = ? naha aya kecap sapertos ieu?
Paniisan = ? tempat niis, kitu?
Tiisna=? naha hartosna sami sareng (tiisna matak ngajadikeun urang ngahodhod)? 
(naha aya frase ”Tisina Tiis”, niron strukturna tina basa Indonsia ”merahnya 
merah”)?
 
Panas (kecap sifat)
Manasan (kecap gawe, saperti dina manasan hate [objek anu aktif])
Manaskeun (kecap gawe, saperti dina manaskeun sangu sesa kamari [subjek anu 
aktif])
 
Aya anu terang naon bentenna hartos kecep-kecap dihandap ieu?
 
Pamanasan =? naha tempat manaskeun saperti hawu/oven? ditingali tina strukturna 
beut sarua jeung "paniisan" nu boga harti tempat (kikeun niis)
Papanasan = ? naha kecap gawe? naha hartosna sami sareng "berpanas-panasan" 
dina basa Indonesia?
Manasna = ? naha sarua harti jeung memanasnya dina "memanasnya kawah gunung 
Kelud menandakan ia akan meletus"?
Panasna = ? naha sami hartos sareng "panasnya" dina basa Indonesia "Panasnya 
mencapai 100 derajat Celcius"?

Hatur rebu nuhun kanu tiasa ngajelaskeun.

Aschev


      
____________________________________________________________________________________
Be a better sports nut!  Let your teams follow you 
with Yahoo Mobile. Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/sports;_ylt=At9_qDKvtAbMuh1G1SQtBI7ntAcJ

Kirim email ke