Kang Aschev, pamairan ti si kuring didadarkeun palih handap penggelan padalisan postingan salira:
--- In [email protected], Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Punten, uing tos lami henteu merhatoskeun tata basa Sunda, janten aya sababaraha pertanyaan (patanyaan?) dihandap ieu ka anu masih can hilap tata basa Sunda: > > Tiis (kecap sifat) > Niis (kecap gawe) > > Aya anu terang naon bentenna hartos kata-kata benda dihandap ieu? > > Patiisan = ? naha aya kecap sapertos ieu? > Paniisan = ? tempat niis, kitu? > Tiisna=? naha hartosna sami sareng (tiisna matak ngajadikeun urang ngahodhod)? (naha aya frase "Tisina Tiis", niron strukturna tina basa Indonsia "merahnya merah")? ==> asana teu umum kecap model "patiisan" (kecap barang dijieun tina kecap barang deui) mah. Anu kadua, "paniisan", memang kitu rumusna. Contos sejen: pamoyanan, pamoean, pasarean. Hartina memang jadi kecap tempat (mun dina basa Arab mah isim makan tea). Pamoyanan = tempat moyan; pamoean = tempat popoean; pasarean = tempat sare (tapi hartina khusus: makam). "Tiisna" : ngeunaan tiis (Bind: ihwal keadaan dingin"), patali jeung tiis anu samemehna disebut, atawa kaayaan pangpunjulna (pangekstrimna) tina subyek kalimah. Fungsi "na" dina kecap-kecap sarupa kitu diantarana: 1) ngaharib kana fungsi "definite articel" atawa "the" dina basa Inggris. Conto: "Hawa ayeuna tiis kacida. Tiisna karasa nyulusup kana tulang". Conto kalimah ti salira, "tiisna matak ngajadikeun urang ngahodhod" asa teu ilahar. Lamun arek oge meureun kieu kalimahna:"Kutiis-tiisna nepi ka urang ngahodhod kabulusan". Kalimah "Tiisna tiis"?, bisa wae digunakeun, sakurang-kurangna keur basa Sunda kontemporer. 2) nuduhkeun panujulan kana subyek eta kalimah dina kaayaan anu pangpoharana (tina eta kaayaan) atawa kecap sejen tina kecap sifat "pisan". Contoh: Hawa teh keur kacida tirisna (tiris pisan, pangtirisna tina kaayaan hawa biasana). 3) Narik ati oge ngaguar fungsi "na" dina basa Sunda. Upamana, "na" dina kalimah:"Tadina mah kuring moal milu". Pasti ieu kalimah pakait pisan jeung kalimah samemehna. Sakurang-kurangna, kalimah samemehna nyabit-nyabit hal ngeunaan "(ayeuna) kuring miluan". > Panas (kecap sifat) > Manasan (kecap gawe, saperti dina manasan hate [objek anu aktif]) > Manaskeun (kecap gawe, saperti dina manaskeun sangu sesa kamari [subjek anu aktif]) > > Aya anu terang naon bentenna hartos kecep-kecap dihandap ieu? > > Pamanasan =? naha tempat manaskeun saperti hawu/oven? ditingali tina strukturna beut sarua jeung "paniisan" nu boga harti tempat (kikeun niis) > Papanasan = ? naha kecap gawe? naha hartosna sami sareng "berpanas- panasan" dina basa Indonesia? > Manasna = ? naha sarua harti jeung memanasnya dina "memanasnya kawah gunung Kelud menandakan ia akan meletus"? > Panasna = ? naha sami hartos sareng "panasnya" dina basa Indonesia "Panasnya mencapai 100 derajat Celcius"? > ==>"Manasan" mah hade dihartikeun "jadi panas" wae. Conto: "Ari peuting awak budak teh manasan, abong keur gering". Maksud kalimah "manasan hate" leuwih luyu sigana upama diganti ku kalimah: "mapanas hate". Conto: "Paripolahna estuning mapanas hate kuring". Kecap "manaskeun" mah leres biasa digunakeun. Eta kaasup kecap gawe, merlukeun obyek. "Pamanasan" nuturkeun aturan atawa timbangan sarimbag jeung kecap "paniisan". Hartina: tempat manaskeun. Tapi, asana, eta kecap jarang digunakeun. "Papanasan" leres kecap gawe anu ngandung harti (eta pagawean)kerep dipigawena (BInd: berulang-ulang; basa Arab: murodif atawa timbangan "fa'ala", contoh: "tanazzalu al malaaikata fiihi bidzni robbihim", kecap "tanazzalu" teh nujul kana timbangan "fa'ala" dina wangun fiil modere'na atawa kecap gawe waktu ayeuna atawa engke kahareup oge (kitu, hartina: jeung pada (atawa: bulak-balik) turun malaikan dina peutingan eta"). Wangun "manasna" asa teu umum. Upamana "panasna" mah bisa digunakeun, sarimbag jeung "tiisna" sakumaha dipedar di luhur tadi. Conto kalimah "manasna kawah G. Kelud menandakan ia akan meletus" lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda asana bisa jadi sarupa kieu: "Ngaronjatna panas kawah G. Kelud nandakeun eta gunung baris (atawa: moal lila deui) bakal bitu". Anu akhir, kecap "panasna", leres, sawangun jeung kecap "tiisna" sakumaha geus didadarkeun. > Hatur rebu nuhun kanu tiasa ngajelaskeun. > > Aschev > Hapunten bisi kuring loba salahna, ma'lum lain ahli basa. Pamugi aya manfaatna. baktos, manAR > _____________________________________________________________________ _______________ > Be a better sports nut! Let your teams follow you > with Yahoo Mobile. Try it now. http://mobile.yahoo.com/sports;_ylt=At9_qDKvtAbMuh1G1SQtBI7ntAcJ >

