Ngiring nambihan.
Kahiji, kuirng bade ngalokan seratan kang MH. Sigana
jaman penjajah kapungkur, pausahaan teh, diarahkeun
kanggo ngeduk kauntungan saageung-ageungna. Ma'lum
atuh imperialis kapitalis tea. Mangkana kauntungan
tiasa kanggo meser taropong bintang.

Kadua,Atuh di jaman kamerdikaan siga ayeuna, pausahaan
BUMN kaiket ku amanat UUD, anu netelakeun yen sagala
bumi, cai jeung saeusina diarahkeun pikeun
ngawalatrakeun rahayat anu adil palamarta.

katilu, BUMN heunteu haram milarian kauntungan, salami
"cecekelanana" amanat UUD 45. Solusi anu dipedarkeun
ku Aki Tams di handap, hiji terobosan anu cerdas, tapi
tujuan utamana ngawalatrakeun rahayat kalayan adil.
Upami ngan ngawalatrakeun "sekelompok" kecil rahayat
mah, atuh angger-angger keneh wae siga jaman penjajah.

Kaopat,bandingkeun sareng kasus PT Freeport, anu
dikontrak salami 30 taun, can ge anggeus kontrakna,
geus diperpanjang deui kontrakna jadi 50 taun. Nagara
untung nepi katriliyunan sataunna, tapi karusakan
lingkungan luar biasa, pagawe lokalna ngan saeutik
dibandingkeun tanaga asing, kaayaan rahayat Papua ti
taun 1960 teu "menyat-menyat".

Kalima, kumaha atuh sikep urang? Geus cunduk kana
waktu, ninggang kana mangsa, ngarobah "mind set"
nyieun kawijakan ngawalatrakeun sakabeh rahayat
kalayan adil. sabab eta intina urang merdeka ti kaum
imperialis.

baktos,

mrachmat Uidipura

BENER, BEUNEUR, jeung (hayang) JEUJEUH

--- Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Teu sawios atuh ari puguh ironganana mah, mung anu
> jadi utama ulah ragrag ka usahawan asing wae, supaya
> urang teu jadi buruh di nagara sorangan sedengkeun
> anu mucekil untungna ngocor ka luar nagara. Aya
> saena oge diajar ngamotekarkeun usaha sabab kaayaan
> persaingan dunia usaha kiwari, sareng deui engkena
> ciri kawasan kudu jadi utama oge, saperti wisata
> nginum teh alami khas Panglejar. Saha anu uninga
> engke nu sarumping ka dinya malah pecandu nginum teh
> anu di luar nagara sabage pengimpor. Sigahna lamun
> bener2 promosina hebring, kucara sederhana
> nyayogikeun brosur2 di Bandara2 Internasional,
> Ngurahray, Cengkareng, Husen Sastranegara
> jrrd,tangtos anu langkung jitu mah ku iklan di ramat
> loka. Sok ah cobian ngaleueut teh panas saparantos
> ngojay di resort2 Panglejar. Ieu mah lain nginum
> jore2 geura, ha ha ha ha. 
> 
> trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:       
>     Industri teh digentos janten usaha resor? ke
> ke... naha teu lepat ieu teh?
>   Tina industri janten barang konsumtip.
>   Sabara jalma nu bakal jadi korban PHK, deudeuh
> teuing patani teh.
>   Naha ku banting setirna PTPN ieu bisa nyiptakeun
> pagawean leuwih loba tibatan nu di PHK? Nu
> dipakubutuh ku rahayat mah pagawean, lain ngan ukur
> nongton resor ngajegir hareupeun mata.
>   Tibatan nyieun resor mending nyieun industri nu
> orientasina expor sakaligus bisa nyiptakeun pagawean
> jang rahayat. Industri pertanian modern kurang
> kageroh. Mun ningali di nagara batur mah tekonologi
> pertanian di urang tinggaleun jauh. Tah ieu nu
> ngabalukarkeun hasil pertaninan di urang kwalitasna
> goreng. Cobi we titenan, jambu bangkok, jeruk
> mandarin, apel australia jsb.
>    
>   kang Trias      
>    
>    
>   
> 
> mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>       Na kudu jualan naon atuh. Jualan kareta api,
> tiguling jeung tabrakan,
> rugi. Jualan kapal ngapung, hayoh ragrag atawa teu
> daek ngapung, rugi.
> Eh, jualan enteh oge, rugi keneh wae geuning.
> Padahal, Walanda mah
> jualan enteh teh bisa nyieun Panoongan Bentang. (mh)
> 



      
____________________________________________________________________________________
Be a better pen pal. 
Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how.  
http://overview.mail.yahoo.com/

Kirim email ke