sampurasun sakabeh warga kusnet! bewara jang anu resep 'game', robotbonteng w.3 geus rengse di susun, aya nu anyar dina wnada ka 3 ieu: -aya 3(tilu) undakan. -sakadang laleur/lege anu ngaririweuh. -soang geulis anu sok ngarewong/teu kahaja mantuan ngagebah beurit buntung. -pilihan [EMAIL PROTECTED] sunda/english -aksara sunda(kaganga)-dumasar kana aksara kaganga(kuno) ti kang Dian. -gambar cukang pasopati dina gambar bubuka. -koreksi runtah kertas(organik) saluyu jeung pituduh ti Kang Emod.(nembe ka siwer dua rupa runtah kang, nu dua deui mah kapayun bade dileukeunan) -alok, unggal undakan beda(background sound) -jeung aya deui nu anyar lianna. geura der wae cobaan! ngahaturkeun nuhun kana pangrojongna ti : Akang: Acun Dian Tresna Nugraha Edi Junaedi Edo Emod Hendri Surah Ujang Carkiwa oge, Akang+euceu babakan kusnet sadayana. (eh...euceuna mah tacan aya nu haat maturan si bonteng, sok atu ceu cobian geura...) Mas: Hery Martoyo (jenengan ngertos basa sunda mas?, maturnuwun) Tato para pamaen kaulinan Robot Bonteng Wanda ka-3 -switch basa sunda/ english language perkawis usulan 'kompetisi' + 'hadiahna' : diperhatoskeun pisan ku simkuring, naging teu acan tiasa kacumponan dina danget ieu.(mangkaning usulan hadiahna teh 'real estate tipe 70' he..he...) cag bandung, tungtung november 2007 sonirosa-www.bolotot.com
<<clip_image002.jpg>>
<<Outlook.bmp>>

