Leres pisan kang, enteh ayeuna nu aya di pasaran seueur pisan variasina. Ieu 
hasil tina jenis daun teh na anu seueur pisan. Aya oge enteh nu bahana sanes 
daun enteh, tapi geus dianggap enteh, misalna bae daun sereh, kembang 
chrisantemum, jsb. Malihan mah seuseurna enteh teh geus teu asli dijieun tina 
hiji jenis daun teh, tapi dicampur, dibumbuan, aya enteh rasa apel, rasa jeruk, 
aya nu make menthol keur ngahaneutan tikoro. Hiji merek enteh bisa ngaproduksi 
puluhan rasa enteh. Konsumen tinggal milih, hayang rasa naon. Aya oge enteh anu 
dijual sapaket jeung CD lagu lagu pengantar minum teh. Dina soal kemasan geus 
puguh deui, aralus lah mun ningali produk batur mah. 
  PTPN mun hayang ilubiung dina persanginan pasar global, kudu bisa nyumponan 
kahayang konsumen. Teu kudu banting setir, omean managemenna, kaluarkeun 
kreatifitasna. Promosi expor sing bener. Ciptakeun produk produk enteh anu 
ngeunah, sehat. Enteh geus siga masakan, ibaratna nyiuen sangu goreng teu cukup 
ku diuyahan terus digoreng make minyak saeutik. Tapi kudu ditambahan deungeuna, 
 bumbu, uyah tuluy diolah sing bener.
  Hiji pabrik enteh kudu bisa ngaluarkeun paling saeutik 20 jenis rasa.
   
  Kang Santosa
    
      

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          kang sadayana, lain eta geuning ari urang cina mah bisaan pisan euy 
jualan enteh-na teh. geura we titenan, ti mimiti produkna nu loba pisan 
variasina, kitu deui cara masarkeunana, jeung nyiptakeun lingkungan nu 
ngadukungna hebring pisan. 

kulantaran diwarah ti keur lembut sok ngalegik ci enteh, nya nepi ka ayeuna 
kana ngalegik ci enteh teh jadi kabiasaan. jadi sakapeung sok panasaran 
luha-loho ka tukang enteh cina. produk enteh cina kacida loba variasina, jeung 
kesanana oge edun pisan. jeung deui enteh teh lain ukur keur inumeun deui. aya 
produk peremen rasa enteh, semur endog rasa enteh. eta dibungkus ku kecap sakti 
"herba" tea, nu kiwari keur meumeujeuhna kakoncara. panasaran, nyobaan semur 
endog rasa enteh. sugan teh kumaha rasana, alah ieung geuning rasana teu puguh, 
endog lain enteh lain. masih keneh pelem semur endog di lembur. tapi nyakitu 
geuning, bisa ngigelan jaman tea urang cina mah. usum "herba" ngalalakon, nya 
sagala rupa make "herba". semur endog rasa enteh nu teu puguh rasana tea, 
angger we pada meuli, sabab loba jalma nu hayang sehat ku pangbibita khasiat 
herba. 

kitu deui lebah pamasaran jeung nyiptakeun pendukungna. apan urang cina mah, 
ngalegik cai enteh teh geus jadi acara sakral, acara ritual budaya. nginum 
enteh dinaekkeun darajatna tina ukur inuman biasa urang lembur, jadi inuman 
para inohong, para sodagar. upama rek ngayakeun negosiasi bisnis, wajib hukumna 
ngawangkong bari ngaregot ci enteh. jigana pantes rada di tiru tah. misalna, 
urang usulkeun ka MUI supaya nyieun patwa yen nginum enteh amalan nu gede 
ganjaranana. hahaha. 

salian ti eta, batur mah geuning ari nyiptakeun lahan dagang teh, lain ngan 
ukur nguruskeun produk intina wungkul. urang cina jeung jepun, keur ngarojong 
ritual ngaregot enteh teh, dirojong oge ku industri teko petot tina keramik. 
jeung harga teko petor teh teu euleum-euleum deuih. teko sacangkewok, sagede 
batok kalapa, hargana edun. hebatna, ninggali urang cina, rata-rata barogaeun 
tah teko petot teh. padahal di urang aya tempat keramik plered, tapi kunaon nya 
teu bisa nepi ka jiga kitu. (mh) 

======
  On 11/29/07, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            Ngeunaan 
pertanian/perkebunan enteh, eta mah bogana BUMN wae Mh. 
BUMN urang apan katelah dina widang naon wae rugi. Mun teu rugi, 
dijual ka investor, malah lolobana mah investro bangsa deungeun. 
Jadi, konci masalahna, lain produkna, tapi manajemenna.

Perlu dipikaweruh ku nu seja nyuprih pangaweruh, yen anu ulin dina 
bisnis kebon enteh teh aya tilu pihak: BUMN, swasta, jeung patani 
individu. Tah anu dua disebut pangakhirna mah kondisina teu saperti 
BMUN. Komo keur sabagean patani individu mah, enteh masih tetep jadi 
andalan Mangga geura amengan ka Wanayasa, Cianjur kidul, Bandung 
tengah jeung kidul, jst.

BUMN sigana geus kuduna ditata. Proses manajemanna masih khas 
warisan orde baru. Kakuatanana ukur ngandelkeun pangrojong jeung 
panyalindungan ka Pamarentah. Samasakali nihil tina kreativitas 
perusahaan siga swasta. Contona, dina "pengadaan" gemuk (sarana 
pertanian. Oge dina masalah SDM atawa tanaga kerja, umumna BUMN 
bermasalah. Loba BUMN anu kalobaan teuing pagawe anu teu pati mere 
kontribusi kana kamajuan usaha. 

Ngabedah BUMN kudu ngabedah filosofis jeung sajarah diadegkeunana 
BUMN. Diantarana: pikeun ngokolakeun usaha anu pakait jeung 
kabutuhan jelema loba. Tujuanana jelas, sangkan ulah aya monopoli 
anu ngabalukarkeun harga produk atawa jasa anu jadi mataholang 
bisnis eta BUMN (anu tangtuna oge pakait jeung kabutuhan rahayat 
loba) mahal kabina-bina. 

Anu kajadian kumaha? harga-harga produk jeung jasa eta usaha pakait 
jeung kabutuhan jelema loba lain tambah murah, tapi tambah ngapung. 
Anu sangsara rahayat-rahayat keneh di tengah-tengah saeutik kacida 
jelema-jelema beunghar anu "pajabat" BUMN. Mangga geura aos 
tipikalna, BUMN PN Timah sakumaha digambarkeun dina novel "Laskar 
Pelangi" (novel anu keur hit di lemah cai, dina 2 taun geus 13 kali 
citakan).

Hal ieu, sakali deui, henteu pakait jeung karyawan BUMN. Sabab, di 
dinya loba jelema hebat anak bangsa Urang sorangan. Anu kudu 
dibebenah taya lian ti sistem jeung kapamimpinana.

Sakitu wae heula Mh, keur ngubaran kahandeueul salira di 
pangumbaraan hehehe.

salam,
manAR
  








  

                         

       
---------------------------------
Get easy, one-click access to your favorites.  Make Yahoo! your homepage.

Kirim email ke