euleuh..euleuh.. ngaprakna  heded euy...
punten...heureuy...
nuhun kang

ihin

----- Pesan Diteruskan ----
Dari: :: boedax angon :: <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [EMAIL PROTECTED]; [email protected]; [EMAIL PROTECTED]; 
[EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
Terkirim: Sabtu, 1 Desember, 2007 6:37:34
Topik: [Urang Sunda] Ka Kampung Budaya Sunda Sindangbarang yu!









  


    
              
Ka Kampung Budaya Sunda Sindangbarang yu!
  http://balebat- online.com
      
            Poe saptu ceuk cenah mah poe keur ngeungeunahna mamalesan sare 
atawa ngareureuhkeun kacape ku pacabakan sapopoe. Tapi lain pacabakan nu 
sacabak-cabak na tapi pagawean nu rutinitas ti poe senen nepi ka juma’ah. Tapi 
da ilaharna mah mun poe saptu teh sok dipake keur ngaprak kukulibeukan di kota 
bogor, geus puguh mah kost di bogor teh kaasup lila geus aya kanu dalapan 
tahunan, jeung na deui tempat na teh strategis deui sok komo bisa ngeceng ka 
kampus tatangga nyaeta
 UNPAK tea, tapi anggeur weh masih hese, hehehe. Sok komo di payuneun kampus 
tercinta teh kiwari geus ngajegleg hiji pusat mall pang badagna cenah di Bogor 
teh, nu diaranan ceuk barudak bogor mah BOKER, eit lain miceun atawa BAB ieu 
teh singketan tinu Botani Square, jeung deui aya embel-embelan IPB na, tapi 
anggeur weh mall teh euweuh pisan aya patula-patalina jeung pertanian nu aya 
mah Insitut Permallan Bogor mereun heuheu.
              Pas jam dalapan isuk-isuk teh geus aya babaturan ka kostan teh, 
maranehna deuk nanyakeun ngeunaan GIS. Nya satadina mah deuk ka Festival Batu 
tulis nu tempatna di Balai Sartika tea. Antukna kudu mere pencerahan heula ka 
babaturan teh sakalian Braindstorming lah ngeunaan GIS teh. Teu lila sanggues 
rengse babaturan teh baralik deui
 ka Jakarta tapi nyimpang heula ka warung sangu Mang Ocid. Ceuk kuring sok 
nyebut ka tukang sangu teh, da manehna asalna ti Tasik, sok komo geus lila 
akrab jeung deui mun dahar kawarung teh teu mahal-mahal pisan . Bayangkeun weh 
mun dahar jeung hayam goreng plus semur jengkol tambahan kurupuk jeung goreng 
tahu nang kudu nawur lima rebuan, beda amat mun urang dahar di Warteg atawa 
Rumah makan di Jakarta, Cape dech.
              Ari babaturan mah mun ka Mang Ocid teh tara poho lauk na teh 
jeung tongkol nu semu beureum, teuing warna beureum teh ku cabe teuing ku 
cengek. Jeung na deui si babaturan teh teu poho tongkol jeung telor nu didadar 
tambah tahu jadi weh 4t tea. Heheheh. Ku sabab geus biasa dahar di Mang Ocid 
mun urang meuli atawa nyiuk sangu teh biasa weh
 prasmanan, da sangu hiji teh diukurna satengah, sok komo mun deuk dibungkus 
sangu teh ukuran batur mah satengah ka urang-urang mah hiji da maklum budak 
kostan tea. Heheeh
              Sanggeus daang di Mang Ocid, kuring mah langsung ka TKP ka Balai 
Sartika, ceuk cenah mah pa Inoci teh ilu pameran oge, jeung deui manehna boga 
buku-buku heubeul atawa babon nu ceuk urang sorangan teu ngarti basana sok komo 
make basa walanda heubeul deui. Ari Pa Inoci mah apal pisan sok komo kawas 
buku-buku si brumund, budding atawa naskah-naskah sunda nu aya dinu buku 
walanda ararapal pisan. Satadina mah ka balai sartika teh deuk bareung kusabab 
aya halangan nya rada kabeurangan ningan, basa geus nepi kadinya teh geus rada 
tiiseun. Kasaprak weh Ki Dudi, Ki Hendra, jeung Ki Hadi keur
 cacahan. Ari uing mah rada kukurilingan heula ningalian saha-saha wae nu 
miluan pameran teh, nya kawas ti kasunanan cirebon, jeung sumedang. Ari ka 
stand na Pa Inoci mah geus puguh tapi ningali teh Pa Inoci keur paciweuh loba 
murid nu tatanya jeung tamu.
              Antukna kuring rada kaluar heula ka nu tiluan teh geuning bara 
rada gura giru jeung rada keuseul basa aya budak awewe (hmm geulis seh heheh) 
SMA basa geus meuli es nu dibungkus palastik tea ngalungkeun teh sakamana 
karep, jeung uing rada nyeuleutuk “Ih geulis-geulis jorok ..”, bari rada 
surangah serengeh si budak teh indit. Tapi ketang sakapeung mun ningali 
ngalungkeun sakumaha karep teh, uing ge sering pisan mun ngaluengkeun runtah 
teh sok komo mun ngaruntah geus ngudud mah asbak teh dimana wae, aya
 aya wae kumaha uing deuk ngadukung global wariming tea heuheu.
              Sanggeus teu lila opatan kaasup uing kaluar ti Bale Sartika teh, 
tuluy weh boga ide kumaha mun ayeuna urang ngaliweut di KBS, wah cocok pisan 
sakalian mogor didinya urang ngaliweut. Tapi samemeh naek angkot teh, kuring 
papanggih jeung Mang Hasan Djafar tea. Salahsahiji doktor arkeologi nu 
panalungtikan na di Batu Jaya, sok komo jadi ingeut basa diajakan ku Pupuhu KBS 
ka batujaya jeung Pa Inochi nang geuningan basa dijugjug kadinya teh habeu 
atwawa bagol ceuk urang citorek mah, keur mah jauh jeung waas pisan sawah teh 
ngaprak basa deuk ka batujayana  jeung na deui sok komo hawa laut karasa basa 
asup ka eta candi teh, sing suer asup kadinya na oge menta ijin heula
 ka kuncenna. Laju dinu hiji imah tempatna para panalungtik sare teh aya 
tulisan Hasan Djafar, tapi kakarek papanggih ari face to face mah, jeung na 
deui style na teh low-profile, ceuk uing teh ngagerentes beda ari jalma nu jero 
elmuna mah, tinu pakean atawa style na mah biasa-biasa wae. Basa cacahan 
sakeudeng teh Mang Hasan teh geus ti Situs Embah Mamprang da jarak na teu jauh 
ti Batu Tulis. Sanggeus teu lila pamitan heula bade ka KBS ari kuring mah jeung 
Mang Hendra naek Angkot ari Cep Dudi jeung Cep Hade mah naek motor sabab deuk 
balanja heula kaperluan Ngaliweut tea.
              Sabab poe eta teh poe saptu nya geus biasa daerah empang mah rada 
macet sok komo panas na ngabeuleuntrang. Untuk weh si supir teh surti pisan 
neangkeun jalan beurit nu rada lancar.
 Sanggeus kitu kuring turun ti tanjakan empang jeung naek angkot deui nu aya 
tulisan SBR nu ngajeblag, ari ongkosna mah lumayan jauh ge nang cukup nawur 
2000. sanggeus rada aya 15 menitan geus nepi ka Menteng, antuk na turun weh 
didinya. Ceuk cenah mah nu kungsi kadinya jalan na teh jauh jeung jore atawa 
goreng, heheh tapi ari ceuk uing mah mun hayang jalan na alus mah di kota weh 
teu kudu kadieu. Jeung deui sanajan jalan na jore komo loba batu laleutik, ari 
pikiranna tukang ngaprak mah (kabeneran boga moto jeung Ki Dudi “Tukang Ngaprak 
Anti Ojeg”), jalan sakitu mah masih cetek ceuk budak ngora mah, komo deui Pa 
Inoci nu umurna geus aya kapala 6-an mun kadinya teh sok leuleumpangan, jeungna 
deui ari keur uing mah sok ngalocotan sandal sabab ngahaja keur pijat refleksi 
jeung ngandeulan kulit suku sabab keur panas meumeujeuhna.
              Teu lila leuleumpangan teh geus nepi deui TKP teh, kasaprak basa 
kadinya teh sararepi basa nanya ka Kang Karebet jeung Kang Maki teh cenah keur 
ngaraprak, sabab poe eta aya rombongan ti Ui nu jumlah-jamlehna aya 30-an ti 
Sastra Arab. Ceuk uing teh hebat euy UI mah, ari paguron luhur nu geus dumuk 
mah di bogor kawas IPB atawa UNPAK jarang pisan miluan kagiatan kawas kitu, 
paling-paling oge mun aya teh basa Seren Taun Doank, jeung na deui panan 
Pertanian tapi aneh pisan. Balik deui ka KBS geus kasaprak nu balanja keu 
ngaliweut teh geus daratang, naha basa ditingali teh meuli beas dua ltr, peutey 
aya kanu lima papan mah, peda aya kanu 8-an, lauk teri, kacang panjang, 
bumbu-bumbu jeung kurupuk sakarung plastik (lain karung beas).
              Da geus niat deuk nare di KBS teh, uing mah sok dibere jatah imah 
ku Pupuhu teh, kabeneran basa eta mah nu nare teh rada teu loba jadi aya imah 
kokolot nu panghadapna nu masih kosong, satadina mah sanajan pinuh ge da geus 
biasa bisa sare di imah gede atawa sare di bale pangriungan dan geus diniatan 
deuk ngaliweut tea. Teu kungsi lila rombongan ti UI teh geus daratang, hmm ari 
nu jadi penunjuk na mah nu biasa nyaeta Teh Agi, jeung Kang Mufti ditambahan nu 
anyar Teh Ade (hmm jeung hiji deui poho ngaranna). Sanggeus rada jam 10-an tim 
evakuasi Liwuet geus dimimitian, kusabab teu mawa loba barang kawas panci jeung 
panggorengan antukna mah minjeum ka Pa Ata.
              Ari kuring tea
 sok resep pusak-pasak komo kari am mah. Nya antukna mimiti mah urang 
ngahurungkeun heula hawu na, bari suluhna make awi nang nyacar. Tapi 
satadinamah geus meuli lisah tanah keur ngahurungkuen na tapi kusabab hayang 
bisa ngahurungkuen na cara kolot baheula antukna diajar. Mimitina mah kayu nang 
nyacar dipisah-pisah laju dihurungkuen, ningan ahirna mah hurung seuneuna teh. 
Laju weh kuring nyisikan sangu nu saleter tea, jeung na deui pancina na teh 
rada leutik. Ari nu lianna mah keur motongan bawang jeung sejenna, ceuk cenah 
mah deuk mencok sagala. Sanggeus kitu si panci di teundeun di luhurun hawu, 
bari make seeng di sahandapeun panci teh keur meuleum peda jeung peuteuy tea. 
Sanggeus teu lila pencok jeung beuelum peda mah asak tapi ari teri tadina mah 
deuk di goreng tapi kusabab euweuh minyakna antukna di simpen weh, tapi ari 
liwuetna rada lila asakna, teuing pedah beas na loba teuing jeung pancina 
leutik kitu, huehueu. Tapi antukna mah jam 12-an si
 lieweutna asak, da
 ambeuna beda.
              Nya samemehna geus tatahar nengan daun cau, nu alus keneh laju 
weh di beuelum heula di luhur hawu sanggeus kitu di amparkeun jadi tempat 
liweut tea. Jeung basa di burulukeun kanu amparan daun cau teh seungit liweutna 
matak nambah kukurubukan beuteng sok komo tengah peuting jemplang-jempling di 
luhur gunung. Si Liweutna teu poho kerakna rada di tambul da eta nu ajib na 
mah. Satadinamah palalaur teu beak liweut teh da nu daang na opatan tapi ningan 
aya tanaga bala bantuan ti kokolot KBS . Barang kitu teh bareng-bareng weh 
ngarawu liweut teh sok komo peda nu nang meuleum mah ditambah peuteuy beleum 
jeung pencok, ditubruk weh ku kurupuk na, jeung disorodotan ku Ci enteh haneut. 
Antukna mah si liweut teh beak, bari rada lada ku pencok uing
 mah rada seuhah, teuing pedah uing loba teuing cabe na kitu. Hihihi. Sanggeus 
beak liweut teh di tambahan ku ngudud heula sokam sabatang, sanggeus kitu rada 
ngobrol jeung urang tasik nu geus lila cicing di Sindang Barang bari nyoreang 
manehna basa kajadian Gunung Galunggung Bitu. Nya teu kungsi lila jam 2-an 
waktu na sare, jeung na deui hawa gunung mimiti nyeuleuceup.
              Basa jam tujuhan isuk uing opatan boga acara ngaprak deui, 
satadinamah deuk neangan jalan nu anyar. Sabab track na piraku eta-deui-eta- 
deui alias EDED cape dech. Nya ti Ki Hadi boga ideu kumaha mun ngaprak walungan 
Ciapus, da kabeneran keur saat sok komo di wahangan ieu teh loba batu 
sagede-gede tivi jeung deui kungsi boga ide manehna mun home-industri di 
wewengkon ieu sina nyieunan
 coet da ari batu mah pabulatak. Sanggeus teu lila ngaprak bari ningalian nu 
keur ngerukan taneuh tinu ieu walungan, dedeuh teuing dikerukan kawas ilegal 
sanding wae. Tapi sanajan kitu ge, basa mapay-mapay jalan satapak eh eta mah 
judul lagu teu kaci, eta mapay-mapay jalan nu diliwatan ku treuck loba oge 
awewe nu utamana mah ibu-ibu nu deuk kasawah bari mamawa barangdahareun jeung 
cai, bari reus ingeut kanu postingan ceuk cenah naha enya awewe urang sunda teh 
malales jeung matre, tapi nu kasekseni ku uing mah ningan beda.
              Sanggeus leuleumpangan mapay jalan treuck teh antukna kaluar ti 
jalan urut ngaprak jeung urang bogor tea nu dipupuhuan ku kang asep 
(http://kasundaan. org), abah syam , jeung rengrengan ti komunitas menulis 
bogor. Nya antukna rada
 leuleumpangan deui nang kusabab geus rada beurang hawa na geus teu tiis deui, 
sok sanajan kitu ge kuring opatan maksa kudu ngaprak bari ningalian masarakat 
didinya keur moe pala, jeung bau pala na karasa. Geus teu lila aya kanu 
satengah jam kurang leuwihan geus nepi ka gate utama dukuh menteng didinya rada 
reureuh heula bari neangan kadaangan, kusabab rada haus, menta weh ka tukang 
warung cihaneut teh, bari di dorong ku kulub hui, ari nulianna mah ngadaang 
sangu huduk.
              Sanggeus beres nya leumpang deui ka KBS teh ceuk cenah mah bakal 
aya tamu deui jam 11-an teh ti Cikarang nu jumlahna aya kanu 80-an. Ceuk bojong 
harewos mah bakal aya kunjungan ti SMA 2 Cikarang. Nya bari rada getol 
buru-buru weh ka imah tempat mogor peuting bari mandi heula sugan weh
 rada cenghar, naha da basa geus dimandian teh ngadadak mata teh rada beurat 
jeung deui leuleus basa ningali ka kamar teh anggeul geus ngagupayan, antukna 
ngaguher weh ngareureuhkeun kacape. Teu kungsi lila aya nu ngomong ceuk cenah 
rombongan teh geus datang, mawa bus AD. Bari rada daligdug hudang rada 
panasaran laju weh ka muru ka bale pangriungan. Tapi aya nu hade pisan 
rombongan teh lain ngaliwatan jalan nu alus atawa nu tarahal nu loba ku batu, 
nu ceuk batur mah cenah ulah kadinya deui sabab jalanna goreng, huehuehu cape 
dech jadi ingeut hiji brand iklan nu mana content na mun disaliwangkeun versi 
uingna kieu mereun. “Bagimu ini mungkin jalannya rusak, tapi bagiku ini jalan 
untuk ngetrack ”hehehe...  
              Nya si rombongan
 teh ngaliwatan sawah, jeung deui meni reunyeuk jeung loba jasa maklum ari 
barudak tea hese diatur. Nya ari rombongan nu datang teh aya dua kalompok 
antukna panitia, (ari uing panitia lainnya, teuing atuh) ngabagi dua kalompok 
nu hiji sina ka bale pangriungan nu hiji deui ka ajeng. Tapi rasa ini (ceuk 
ST16 tea mah kalompok musik nu keur hype ti Bandung tea) antukna kaubaran, 
jeung deui edas lah barudak SMA ayeuna beda jasa jeung jaman uing baheula, wah 
pokonamah aya nu kakait hiji dua tilu mah heuhue enya da emang na ngusep. Jeung 
na deui salut na teh barudak ti SMA 2 Cikarang ieu beda jeung nu lianna, nu 
mana biasa na mun ngayakeun samodel fieldtrip teh atawa jalan-jalan mun teu ka 
DUFAN atawa Cisarua (bosen pisan), tapi ka kampung budaya jeung na deui meun 
teu salah berarti bener pajabat sakola na teh lain ti urang sunda. Mun di 
ingeut-ingeut mah ari SMA jauh ti bogor daratang, ari nu deukuet mah boro-boro 
datang nyaho ge jigana teuing atuh.
    
  Cag ach
  Tukang ngaprak
  [EMAIL PROTECTED] com
   


      
 Support the World Aids Awareness campaign this month with Yahoo! for Good



    
  

    
    




<!--

#ygrp-mkp{
border:1px solid #d8d8d8;font-family:Arial;margin:14px 0px;padding:0px 14px;}
#ygrp-mkp hr{
border:1px solid #d8d8d8;}
#ygrp-mkp #hd{
color:#628c2a;font-size:85%;font-weight:bold;line-height:122%;margin:10px 0px;}
#ygrp-mkp #ads{
margin-bottom:10px;}
#ygrp-mkp .ad{
padding:0 0;}
#ygrp-mkp .ad a{
color:#0000ff;text-decoration:none;}
-->



<!--

#ygrp-sponsor #ygrp-lc{
font-family:Arial;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc #hd{
margin:10px 0px;font-weight:bold;font-size:78%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc .ad{
margin-bottom:10px;padding:0 0;}
-->



<!--

#ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, sans-serif;}
#ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;}
#ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean, 
sans-serif;}
#ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;}
#ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;}
#ygrp-text{
font-family:Georgia;
}
#ygrp-text p{
margin:0 0 1em 0;}
#ygrp-tpmsgs{
font-family:Arial;
clear:both;}
#ygrp-vitnav{
padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;}
#ygrp-vitnav a{
padding:0 1px;}
#ygrp-actbar{
clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;}
#ygrp-actbar .left{
float:left;white-space:nowrap;}
.bld{font-weight:bold;}
#ygrp-grft{
font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;}
#ygrp-ft{
font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666;
padding:5px 0;
}
#ygrp-mlmsg #logo{
padding-bottom:10px;}

#ygrp-vital{
background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;}
#ygrp-vital #vithd{
font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;}
#ygrp-vital ul{
padding:0;margin:2px 0;}
#ygrp-vital ul li{
list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee;
}
#ygrp-vital ul li .ct{
font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;}
#ygrp-vital ul li .cat{
font-weight:bold;}
#ygrp-vital a{
text-decoration:none;}

#ygrp-vital a:hover{
text-decoration:underline;}

#ygrp-sponsor #hd{
color:#999;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov{
padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;}
#ygrp-sponsor #ov ul{
padding:0 0 0 8px;margin:0;}
#ygrp-sponsor #ov li{
list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov li a{
text-decoration:none;font-size:130%;}
#ygrp-sponsor #nc{
background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;}
#ygrp-sponsor .ad{
padding:8px 0;}
#ygrp-sponsor .ad #hd1{
font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor .ad a{
text-decoration:none;}
#ygrp-sponsor .ad a:hover{
text-decoration:underline;}
#ygrp-sponsor .ad p{
margin:0;}
o{font-size:0;}
.MsoNormal{
margin:0 0 0 0;}
#ygrp-text tt{
font-size:120%;}
blockquote{margin:0 0 0 4px;}
.replbq{margin:4;}
-->








      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke