Ka Kampung Budaya Sunda Sindangbarang yu!
http://balebat-online.com
Poe saptu ceuk cenah mah poe keur ngeungeunahna mamalesan sare
atawa ngareureuhkeun kacape ku pacabakan sapopoe. Tapi lain pacabakan nu
sacabak-cabak na tapi pagawean nu rutinitas ti poe senen nepi ka jumaah. Tapi
da ilaharna mah mun poe saptu teh sok dipake keur ngaprak kukulibeukan di kota
bogor, geus puguh mah kost di bogor teh kaasup lila geus aya kanu dalapan
tahunan, jeung na deui tempat na teh strategis deui sok komo bisa ngeceng ka
kampus tatangga nyaeta UNPAK tea, tapi anggeur weh masih hese, hehehe. Sok komo
di payuneun kampus tercinta teh kiwari geus ngajegleg hiji pusat mall pang
badagna cenah di Bogor teh, nu diaranan ceuk barudak bogor mah BOKER, eit lain
miceun atawa BAB ieu teh singketan tinu Botani Square, jeung deui aya
embel-embelan IPB na, tapi anggeur weh mall teh euweuh pisan aya
patula-patalina jeung pertanian nu aya mah Insitut Permallan Bogor mereun
heuheu.
Pas jam dalapan isuk-isuk teh geus aya babaturan ka kostan teh,
maranehna deuk nanyakeun ngeunaan GIS. Nya satadina mah deuk ka Festival Batu
tulis nu tempatna di Balai Sartika tea. Antukna kudu mere pencerahan heula ka
babaturan teh sakalian Braindstorming lah ngeunaan GIS teh. Teu lila sanggues
rengse babaturan teh baralik deui ka Jakarta tapi nyimpang heula ka warung
sangu Mang Ocid. Ceuk kuring sok nyebut ka tukang sangu teh, da manehna asalna
ti Tasik, sok komo geus lila akrab jeung deui mun dahar kawarung teh teu
mahal-mahal pisan . Bayangkeun weh mun dahar jeung hayam goreng plus semur
jengkol tambahan kurupuk jeung goreng tahu nang kudu nawur lima rebuan, beda
amat mun urang dahar di Warteg atawa Rumah makan di Jakarta, Cape dech.
Ari babaturan mah mun ka Mang Ocid teh tara poho lauk na teh
jeung tongkol nu semu beureum, teuing warna beureum teh ku cabe teuing ku
cengek. Jeung na deui si babaturan teh teu poho tongkol jeung telor nu didadar
tambah tahu jadi weh 4t tea. Heheheh. Ku sabab geus biasa dahar di Mang Ocid
mun urang meuli atawa nyiuk sangu teh biasa weh prasmanan, da sangu hiji teh
diukurna satengah, sok komo mun deuk dibungkus sangu teh ukuran batur mah
satengah ka urang-urang mah hiji da maklum budak kostan tea. Heheeh
Sanggeus daang di Mang Ocid, kuring mah langsung ka TKP ka Balai
Sartika, ceuk cenah mah pa Inoci teh ilu pameran oge, jeung deui manehna boga
buku-buku heubeul atawa babon nu ceuk urang sorangan teu ngarti basana sok komo
make basa walanda heubeul deui. Ari Pa Inoci mah apal pisan sok komo kawas
buku-buku si brumund, budding atawa naskah-naskah sunda nu aya dinu buku
walanda ararapal pisan. Satadina mah ka balai sartika teh deuk bareung kusabab
aya halangan nya rada kabeurangan ningan, basa geus nepi kadinya teh geus rada
tiiseun. Kasaprak weh Ki Dudi, Ki Hendra, jeung Ki Hadi keur cacahan. Ari uing
mah rada kukurilingan heula ningalian saha-saha wae nu miluan pameran teh, nya
kawas ti kasunanan cirebon, jeung sumedang. Ari ka stand na Pa Inoci mah geus
puguh tapi ningali teh Pa Inoci keur paciweuh loba murid nu tatanya jeung tamu.
Antukna kuring rada kaluar heula ka nu tiluan teh geuning bara
rada gura giru jeung rada keuseul basa aya budak awewe (hmm geulis seh heheh)
SMA basa geus meuli es nu dibungkus palastik tea ngalungkeun teh sakamana
karep, jeung uing rada nyeuleutuk Ih geulis-geulis jorok .., bari rada
surangah serengeh si budak teh indit. Tapi ketang sakapeung mun ningali
ngalungkeun sakumaha karep teh, uing ge sering pisan mun ngaluengkeun runtah
teh sok komo mun ngaruntah geus ngudud mah asbak teh dimana wae, aya aya wae
kumaha uing deuk ngadukung global wariming tea heuheu.
Sanggeus teu lila opatan kaasup uing kaluar ti Bale Sartika teh,
tuluy weh boga ide kumaha mun ayeuna urang ngaliweut di KBS, wah cocok pisan
sakalian mogor didinya urang ngaliweut. Tapi samemeh naek angkot teh, kuring
papanggih jeung Mang Hasan Djafar tea. Salahsahiji doktor arkeologi nu
panalungtikan na di Batu Jaya, sok komo jadi ingeut basa diajakan ku Pupuhu KBS
ka batujaya jeung Pa Inochi nang geuningan basa dijugjug kadinya teh habeu
atwawa bagol ceuk urang citorek mah, keur mah jauh jeung waas pisan sawah teh
ngaprak basa deuk ka batujayana jeung na deui sok komo hawa laut karasa basa
asup ka eta candi teh, sing suer asup kadinya na oge menta ijin heula ka
kuncenna. Laju dinu hiji imah tempatna para panalungtik sare teh aya tulisan
Hasan Djafar, tapi kakarek papanggih ari face to face mah, jeung na deui style
na teh low-profile, ceuk uing teh ngagerentes beda ari jalma nu jero elmuna
mah, tinu pakean atawa style na mah biasa-biasa wae. Basa cacahan
sakeudeng teh Mang Hasan teh geus ti Situs Embah Mamprang da jarak na teu jauh
ti Batu Tulis. Sanggeus teu lila pamitan heula bade ka KBS ari kuring mah jeung
Mang Hendra naek Angkot ari Cep Dudi jeung Cep Hade mah naek motor sabab deuk
balanja heula kaperluan Ngaliweut tea.
Sabab poe eta teh poe saptu nya geus biasa daerah empang mah rada
macet sok komo panas na ngabeuleuntrang. Untuk weh si supir teh surti pisan
neangkeun jalan beurit nu rada lancar. Sanggeus kitu kuring turun ti tanjakan
empang jeung naek angkot deui nu aya tulisan SBR nu ngajeblag, ari ongkosna mah
lumayan jauh ge nang cukup nawur 2000. sanggeus rada aya 15 menitan geus nepi
ka Menteng, antuk na turun weh didinya. Ceuk cenah mah nu kungsi kadinya jalan
na teh jauh jeung jore atawa goreng, heheh tapi ari ceuk uing mah mun hayang
jalan na alus mah di kota weh teu kudu kadieu. Jeung deui sanajan jalan na jore
komo loba batu laleutik, ari pikiranna tukang ngaprak mah (kabeneran boga moto
jeung Ki Dudi Tukang Ngaprak Anti Ojeg), jalan sakitu mah masih cetek ceuk
budak ngora mah, komo deui Pa Inoci nu umurna geus aya kapala 6-an mun kadinya
teh sok leuleumpangan, jeungna deui ari keur uing mah sok ngalocotan sandal
sabab ngahaja keur pijat refleksi jeung
ngandeulan kulit suku sabab keur panas meumeujeuhna.
Teu lila leuleumpangan teh geus nepi deui TKP teh, kasaprak basa
kadinya teh sararepi basa nanya ka Kang Karebet jeung Kang Maki teh cenah keur
ngaraprak, sabab poe eta aya rombongan ti Ui nu jumlah-jamlehna aya 30-an ti
Sastra Arab. Ceuk uing teh hebat euy UI mah, ari paguron luhur nu geus dumuk
mah di bogor kawas IPB atawa UNPAK jarang pisan miluan kagiatan kawas kitu,
paling-paling oge mun aya teh basa Seren Taun Doank, jeung na deui panan
Pertanian tapi aneh pisan. Balik deui ka KBS geus kasaprak nu balanja keu
ngaliweut teh geus daratang, naha basa ditingali teh meuli beas dua ltr, peutey
aya kanu lima papan mah, peda aya kanu 8-an, lauk teri, kacang panjang,
bumbu-bumbu jeung kurupuk sakarung plastik (lain karung beas).
Da geus niat deuk nare di KBS teh, uing mah sok dibere jatah imah
ku Pupuhu teh, kabeneran basa eta mah nu nare teh rada teu loba jadi aya imah
kokolot nu panghadapna nu masih kosong, satadina mah sanajan pinuh ge da geus
biasa bisa sare di imah gede atawa sare di bale pangriungan dan geus diniatan
deuk ngaliweut tea. Teu kungsi lila rombongan ti UI teh geus daratang, hmm ari
nu jadi penunjuk na mah nu biasa nyaeta Teh Agi, jeung Kang Mufti ditambahan nu
anyar Teh Ade (hmm jeung hiji deui poho ngaranna). Sanggeus rada jam 10-an tim
evakuasi Liwuet geus dimimitian, kusabab teu mawa loba barang kawas panci jeung
panggorengan antukna mah minjeum ka Pa Ata.
Ari kuring tea sok resep pusak-pasak komo kari am mah. Nya
antukna mimiti mah urang ngahurungkeun heula hawu na, bari suluhna make awi
nang nyacar. Tapi satadinamah geus meuli lisah tanah keur ngahurungkuen na tapi
kusabab hayang bisa ngahurungkuen na cara kolot baheula antukna diajar.
Mimitina mah kayu nang nyacar dipisah-pisah laju dihurungkuen, ningan ahirna
mah hurung seuneuna teh. Laju weh kuring nyisikan sangu nu saleter tea, jeung
na deui pancina na teh rada leutik. Ari nu lianna mah keur motongan bawang
jeung sejenna, ceuk cenah mah deuk mencok sagala. Sanggeus kitu si panci di
teundeun di luhurun hawu, bari make seeng di sahandapeun panci teh keur meuleum
peda jeung peuteuy tea. Sanggeus teu lila pencok jeung beuelum peda mah asak
tapi ari teri tadina mah deuk di goreng tapi kusabab euweuh minyakna antukna di
simpen weh, tapi ari liwuetna rada lila asakna, teuing pedah beas na loba
teuing jeung pancina leutik kitu, huehueu. Tapi antukna mah jam 12-an
si lieweutna asak, da ambeuna beda.
Nya samemehna geus tatahar nengan daun cau, nu alus keneh laju
weh di beuelum heula di luhur hawu sanggeus kitu di amparkeun jadi tempat
liweut tea. Jeung basa di burulukeun kanu amparan daun cau teh seungit liweutna
matak nambah kukurubukan beuteng sok komo tengah peuting jemplang-jempling di
luhur gunung. Si Liweutna teu poho kerakna rada di tambul da eta nu ajib na
mah. Satadinamah palalaur teu beak liweut teh da nu daang na opatan tapi ningan
aya tanaga bala bantuan ti kokolot KBS . Barang kitu teh bareng-bareng weh
ngarawu liweut teh sok komo peda nu nang meuleum mah ditambah peuteuy beleum
jeung pencok, ditubruk weh ku kurupuk na, jeung disorodotan ku Ci enteh haneut.
Antukna mah si liweut teh beak, bari rada lada ku pencok uing mah rada seuhah,
teuing pedah uing loba teuing cabe na kitu. Hihihi. Sanggeus beak liweut teh di
tambahan ku ngudud heula sokam sabatang, sanggeus kitu rada ngobrol jeung urang
tasik nu geus lila cicing di Sindang Barang bari
nyoreang manehna basa kajadian Gunung Galunggung Bitu. Nya teu kungsi lila jam
2-an waktu na sare, jeung na deui hawa gunung mimiti nyeuleuceup.
Basa jam tujuhan isuk uing opatan boga acara ngaprak deui,
satadinamah deuk neangan jalan nu anyar. Sabab track na piraku
eta-deui-eta-deui alias EDED cape dech. Nya ti Ki Hadi boga ideu kumaha mun
ngaprak walungan Ciapus, da kabeneran keur saat sok komo di wahangan ieu teh
loba batu sagede-gede tivi jeung deui kungsi boga ide manehna mun home-industri
di wewengkon ieu sina nyieunan coet da ari batu mah pabulatak. Sanggeus teu
lila ngaprak bari ningalian nu keur ngerukan taneuh tinu ieu walungan, dedeuh
teuing dikerukan kawas ilegal sanding wae. Tapi sanajan kitu ge, basa
mapay-mapay jalan satapak eh eta mah judul lagu teu kaci, eta mapay-mapay jalan
nu diliwatan ku treuck loba oge awewe nu utamana mah ibu-ibu nu deuk kasawah
bari mamawa barangdahareun jeung cai, bari reus ingeut kanu postingan ceuk
cenah naha enya awewe urang sunda teh malales jeung matre, tapi nu kasekseni ku
uing mah ningan beda.
Sanggeus leuleumpangan mapay jalan treuck teh antukna kaluar ti
jalan urut ngaprak jeung urang bogor tea nu dipupuhuan ku kang asep
(http://kasundaan.org), abah syam , jeung rengrengan ti komunitas menulis
bogor. Nya antukna rada leuleumpangan deui nang kusabab geus rada beurang hawa
na geus teu tiis deui, sok sanajan kitu ge kuring opatan maksa kudu ngaprak
bari ningalian masarakat didinya keur moe pala, jeung bau pala na karasa. Geus
teu lila aya kanu satengah jam kurang leuwihan geus nepi ka gate utama dukuh
menteng didinya rada reureuh heula bari neangan kadaangan, kusabab rada haus,
menta weh ka tukang warung cihaneut teh, bari di dorong ku kulub hui, ari
nulianna mah ngadaang sangu huduk.
Sanggeus beres nya leumpang deui ka KBS teh ceuk cenah mah bakal
aya tamu deui jam 11-an teh ti Cikarang nu jumlahna aya kanu 80-an. Ceuk bojong
harewos mah bakal aya kunjungan ti SMA 2 Cikarang. Nya bari rada getol
buru-buru weh ka imah tempat mogor peuting bari mandi heula sugan weh rada
cenghar, naha da basa geus dimandian teh ngadadak mata teh rada beurat jeung
deui leuleus basa ningali ka kamar teh anggeul geus ngagupayan, antukna
ngaguher weh ngareureuhkeun kacape. Teu kungsi lila aya nu ngomong ceuk cenah
rombongan teh geus datang, mawa bus AD. Bari rada daligdug hudang rada
panasaran laju weh ka muru ka bale pangriungan. Tapi aya nu hade pisan
rombongan teh lain ngaliwatan jalan nu alus atawa nu tarahal nu loba ku batu,
nu ceuk batur mah cenah ulah kadinya deui sabab jalanna goreng, huehuehu cape
dech jadi ingeut hiji brand iklan nu mana content na mun disaliwangkeun versi
uingna kieu mereun. Bagimu ini mungkin jalannya rusak, tapi bagiku ini jalan
untuk ngetrack hehehe...
Nya si rombongan teh ngaliwatan sawah, jeung deui meni reunyeuk
jeung loba jasa maklum ari barudak tea hese diatur. Nya ari rombongan nu datang
teh aya dua kalompok antukna panitia, (ari uing panitia lainnya, teuing atuh)
ngabagi dua kalompok nu hiji sina ka bale pangriungan nu hiji deui ka ajeng.
Tapi rasa ini (ceuk ST16 tea mah kalompok musik nu keur hype ti Bandung tea)
antukna kaubaran, jeung deui edas lah barudak SMA ayeuna beda jasa jeung jaman
uing baheula, wah pokonamah aya nu kakait hiji dua tilu mah heuhue enya da
emang na ngusep. Jeung na deui salut na teh barudak ti SMA 2 Cikarang ieu beda
jeung nu lianna, nu mana biasa na mun ngayakeun samodel fieldtrip teh atawa
jalan-jalan mun teu ka DUFAN atawa Cisarua (bosen pisan), tapi ka kampung
budaya jeung na deui meun teu salah berarti bener pajabat sakola na teh lain ti
urang sunda. Mun di ingeut-ingeut mah ari SMA jauh ti bogor daratang, ari nu
deukuet mah boro-boro datang nyaho ge jigana teuing atuh.
Cag ach
Tukang ngaprak
[EMAIL PROTECTED]
---------------------------------
Support the World Aids Awareness campaign this month with Yahoo! for Good