Hatur nuhun Kang Yunus, ieu sanes Yus Yunus penyanyi dangdut kan…(he..he..he..)
Kang, simkuring hoyong pisan kaditu (subang), raosna sih pas nuju aya anu nyandakan pereleknya, bade diabadikeun ku sim kuring teh, dina raraga tugas ti dosen (perkawis kebudayaan anu tereh punah..), ka Subang mah caket ieu pan… Upami tiasa, diantos pisan informasina, bade ka milis atanapi ka japri teu naon naon. Eh..punten, nepangkeun simkuring teh nuju nyandak doktor komunikasi di UNPAD, abdi asli Bandung (Cibangkong), pun bojo mah urang sebrang (Palembang + Bali). Salam, www From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of rusdi yunus Sent: Friday, November 30, 2007 4:57 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] nepangkeun Wa alaikum salam. mangga ka lebet tong isin - isin pami teu ka abotan simkuring palay uninga timana kawitna? damel di mana? naon hobina? saha bebenena? ( maaf heureuy ) pami perkawis beas perelek di kampung sim kuring tegesna di kampung caracas II kec pabuaran kab: subang nembe kamari pisan nuju di galakeun deui sareng di kawitanana siskamling atawa ngaronda. samalihmah simkuring kabagean ngaronda ayeunamah. tos ackh sakitu bae heula mangga kang wawan di antos baleusanana wassalam: Rusdi Yunus Rakyat SUBANG gotong royong subang maju ----- Original Message ---- From: Wawan <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Friday, November 30, 2007 3:47:41 PM Subject: [Urang Sunda] nepangkeun Ass, Nepangkeun, sim kuring Wawan W, nembe lebet kana ieu milis. Manawi sareng manawi aya anu uninga, kinten-kinten daerah mana anu masih keneh ngajalankeun perelek (beas) ? Salam, www Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
<<image001.jpg>>
<<image002.jpg>>

